UKW ka-2 PWI Purwakarta Sakaligus Ngaistrénan Pangurus PWI Peduli
Ketua Panatacalagara Kagiatan UKW, Asép Budiman, Laporan Kagiatan UKW ka-2 dibHotel Ciwareng Inn, (21/12/2019).*
PWI - Warta Sunda Onliné
Persatuan Wartawan Indonésia (PWI) Perwakilan Purwakarta magelarkeun deui Uji Kompetensi Wartawan (UKW) Angkatan ka- II ogé sacara nasional mah UKW angkatan ka-451. Sedengkeun tingkat provinsi mah angkatan ka 34 PWI Provinsi Jawa Barat.
Ketua PWI Perwakilan Purwakarta, Asép Yadi Sobana, biantara dipayuneun tamu ondangan UKW Angkatan ka-2.*
UKW dipagelarkeun salila dua poé, ti ping 21 nepika 22 Desember 2019, di Hotel Ciwareng Inn, Jalan Kopi, Purwakarta. Lian ti éta ogé, PWI Perwakilan Purwakarta ngaistrénan pangurus PWI Peduli Purwakarta periode 2019-2021.
Sedengkeun jumlah pamilon UKW nu milu aub téh aya kana 26 urang nu ngawengku 20 urang pamilon UKW Muda, 3 urang pamilon UKW Madya sarta 3 urang UKW tingkat Utama. Kitu ditetelakeun ku Ketua Panatacalagara kagiatan UKW, Asép Budiman dina laporanana.
Lain hal na ceuk Pengurus Pusat PWI, Nurcholis MA Basyari, nyebutkeun yén can lila ieu geus dipagelarkeun kagiatan UKW Tingkat Nasional angkatan ka 450 di Jakarta. Tina ratusan nu UKW kacatet ti Dewan Pers kurang leuwih 11.719 wartawan nu lulus kompetensi. Bohna salaku wartawan muda, madya jeung utama.
Dina kasepempeten éta, Kepala Diskominfo Kabupatén Purwakarta, Siti Ida Hamidah, nu biantarana ngawakilan Bupati Purwakarta, pihak Pemkab Purwakarta komitmen dina gawé bareng jeung media-media katut organisasi-organisasi wartawan.
Kepala Diskominfo Kabupatén Purwakarta, Hj. Siti Ida Hamidah.*
“Gawé bareng jeung insan pers éta diantarana nu aya pakaitna jeung ningkatkeun kapasitas SDM jurnalis nu tugas di wilayah Purwakarta,” pokna.
Inyana miharep, kaprofesioanalan wartawan dina ngajalankeun tugasna di lapangan éta téh pikeun ngaantisipasi warta-warta hoax. “Tapi mun hoyong janten kemitraan jeung Diskominfo justru ngawartakeun warta ngeunaan pangwangunan,” pokna.
Ari nu kasauran Ketua PWI Perwakilan Purwakarta, Asép Yadi Sobana, ngajelaskeun yén dipiharep hasil tina UKW ieu téh para wartawan langkung profesional tur berkualitas dina ngawartakeun tur tiasa diangken ku para narasumber dina ngajalankeun tugas kejurnalisanana.***
Pangurus PWI Peduli Purwakarta diistrénan ku Ketua PWI Perwakilan Purwakarta, Asép Yadi Sobana.*
0 Response to "UKW ka-2 PWI Purwakarta Sakaligus Ngaistrénan Pangurus PWI Peduli"
Posting Komentar