WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Puskesmas Gawé Bareng jeung PTGMI sarta Himpaudi Sukatani, Magelarkeun Bhakti Sosial

Puskesmas Gawé Bareng jeung PTGMI sarta Himpaudi Sukatani, Magelarkeun Bhakti Sosial  SUKATANI - Grup Majalah Warta Sunda,- Pers...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Brand ‘3 second’ Moutley Famo Keur Narik Pelanggan Kaum Nonoman


Uar pangajak Adam tina Tips dina ngokolakeun Outlet & Distro pakaian.*
        
Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
M
ekarna paekonomian di jaman milenia ieu, di Kabupatén Purwakarta mawa dampak anu signifikan hususna dina dunya modis atawa gaya raksukan masarakat nu "Fashionable", hal éta jadi momen emas pikeun para palaku usaha di widang Kriya Tekstil Modé.
“Malah mandar nepika pabalatakna Outlet & Distro pakaian anu sumebar ti pilembureun katut diperkotaan, pokona mah Kabupatén Purwakarta jadi gudangna Outlet & Distro nu siap bersaing jeung kota-kota besar di Jawa Barat. Purwakarta ogé mibanda prodak anu hadé,” kitu ceuk Adam Wahyu salahsaurang Team Promosi di perusahaan busana. Kajaba saur anjeuna yén bahan cotton,   bahan anu langkung utama cocok digunakeun ku warga Purwakarta.
"Iklim di Purwakarta memang panas - panas adem, tah cotton ukuran 24 SN nu cocok keur fashionabel, kulantaran bahan éta nyerep kesang ogé bahanna pang alusna," pokna waktu ngawangkong ka awak média di Purwakarta, Kemis (5/12/19).
Lalaki lalanang jagat teureuh Bandung, kalahiran 12 November 1982 ieu gé nambahkeun sok sanajan karakteristik tiap urang béda-béda, tapi bahan Cotton tetap jadi pilihan anu panghaéna keur sagala jenis pakéan.

"Salah sahiji contona, mun urang nu resep olahraga, Tshirt bahan Cotton ieu minangka bahan nu nyerep kesang, poma tinggal nambahkeun desain sablon anu matak pikabitaeun tina bahan plastisol sangka tetep Kece & tahan lama," ceuk Adam.
Adam nu geus 3 taun digawé di perusahaan Fashion '3 Second' Grup, ku pangalamanna, anjeuna méré tips ka para nonoman nu baris ngarintis tina bidang usaha nu saperti kitu.
"Koncina mah, kudu aya Desain Sablon baju, damel formula anu matak pikabitaeun, engké ogé kajawab patarosan éta téh. Ku kituna kumaha carana, sangkan para pangunjung kataji bisa milih jeung mésér hiji baju dina itungan waktu 3 detik? Percaya atawa heunteuna éta patarosan, tangtu tiasa janten filosofi ti perusahaan '3 Second' Grup ku Owner-na," pokna.
Salaki ti istrina Ria Agustia ieu ogé, ngajentrekeun ngeunaan kasangtukangna usaha '3 Second' Grup bisa jadi bahan referensi atawa motivasi pikeun para pelaku dunya usaha.
"Brand '3 second' ieu geus dirintis ku nu bogana ti taun 95-an, malah nerepkeun konsep familiar kana tiap prodakna nu ngabidik konsumen yuswa antara 5 nepika 40 taun. Mekarna pangsa pasar rumaja, nepika ngaluarkeun prodak fashion anyar nu diaranan "Green Light” ku gebrakannana jeung brand Ambasador, pon kitu deui para nonoman nu energik pihakna nepika ngaluncurkeun hiji prodak diaranan "Moutley". Malah '3 Second' jadi grup usaha nu di tandaan ku mahabuna prodak anyar saperti "Famo" filosofina tina kecap "Famous"." Pokna Adam mungkas wangkongan.*** (wief)



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Brand ‘3 second’ Moutley Famo Keur Narik Pelanggan Kaum Nonoman"

Posting Komentar