WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling Elat Agustus 2025

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling lambat Agustus 2025 JAKARTA - Ahirna konflik antara Pe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Susunan AKD DPRD Kabupaten Purwakarta Ditetepkeun


A
lat Kelengkapan Dewan (AKD) DPRD Kabupatén Purwakarta disahkan dina rapat paripurna penetapan keanggotaan AKD dan Pansus Tata Tertib taun 2019 – 2024, Salasa (1/10) peuting, nu dibuka resmi ku Ketua DPRD Purwakarta H. Ahmad Sanusi sarta dihadiran 39 anggota DPRD. Rapat nu digelar jam 20.00 WIB nepika tengah peuting, kulantaran sanggeus rapat paripurna ogé dilaksanakeun rapat Badan Musyawarah minangka rapat munggaran.
Rapat paripurna éta ogé  dihadiran ti unsur pimpinan lainna, nyaéta Wakil Ketua Sri Puji Utami, Wakil Ketua Hj. Neng Supartini, S.Ag, Wakil Ketua Warseno, SE. Kajaba ti éta, disaksian ku Sekretaris DPRD Drs. H. Suhandi, M.Si, Kabag Risalah dan  Rapat Dicky Darmawan, SH, M. Hum, sarta sajumlah pejabat Sekretariat DPRD lainna.
Nurutkeun H. Ahmad Sanusi ngaran-ngaran AKD jeung Pansus Tata Tertib DPRD ieu, diusulkeun ku fraksi masing-masing, nu ngabahas saméméh rapat pimpinan. “Luyu sareng aturan, jabatan ketua jeung wakil ketua Komisi dipilih ku anggota masing-masing nilik hasil tina rapat pimpinan jeung partai politik,” pokna Ahmad Sanusi.
Disagedengeun éta, masih ceuk Admad Sanusi, yén jabatan Ketua jeung Wakil Ketua Badan Anggaran sarta Badan Musyawarah luyu jeung katangtuan Pasal 87 ayat (4) sarta Pasal 89 ayat (3) Peraturan DPRD No. 1 Tahun 2018 ngeunaan Ketua jeung Wakil Ketua DPRD ngarangkap anggota.
Anapon jabatan Sekretaris nurutkeun katangtuan Pasal 87 ayat (5), Pasal 89 ayat (5) sarta Pasal 94 ayat (2) Peraturan DPRD, kitu gé Sekretaris Badan Anggaran, Sekretaris Badan Musyawarah, pon kitu deui  Sekretaris Badan Pembentukan Peraturan Daerah, dijabat ku Sekretaris DPRD, tapi teu ngarangkap salaku anggota.
Sedengkeun keur Ketua jeung Wakil Ketua Pansus dipilih ti anggota Pansus éta sarta nilik tina hasil kasapukan dina rapat pimpinan jeung partai politik tanggal 27 September 2019 sarta hasil rapat pimpinan jeung fraksi-fraksi 30 September 2019.
Salengkepna ngaran-ngaran AKD jeung Pansus Tatib nu geus diputuskeun ngawengku diantarana. Komisi I Bidang Pemerintahan dan Perundang-Undangan - Ketua Hj, Ina Herlina (PDIP), Wakil Ketua Ceceng Abdul Qadir, S.PD.I (PKB), Sekretaris Haerul Amin (DPN); Komisi II Bidang Ekonomi dan Keuangan – Ketua  Alaikasalam, SH.I (PKB), Wakil Ketua Yadi Nurbahrum (PDIP), Sekretaris  Dias Rukmana Praja, SE (Golkar); Komisi III Bidang Pembangunan - Ketua Drs. Akun Kurniadi, MM (Golkar), Wakil Ketua Asep Abduloh (Berani), Sekretaris Rifky Fauzi, SH (Gerindra); Komisi IV Bidang Kesejahteraan Rakyat - Ketua Said Ali Azmi (Gerindra), Wakil Ketua Enah Rohanah (Golkar), Sekretaris Mosh. Arief Kurniawan (PKS).
Lian ti éta, Pimpinan Badan Musyawarah Ketua H. Ahmad Sanusi (Golkar), Wakil Ketua Sri Puji Utami (Gerindra), Wakil Ketua Hj. Neng Supartini, S.Ag (PKB), Wakil Ketua Warseno, SE (PDIP), Pimpinan Badan Anggaran Ketua H. Ahmad Sanusi (Golkar), Wakil Ketua Sri Puji Utami (Gerindra), Wakil Ketua Hj. Neng Supartini, S.Ag (PKB), Wakil Ketua Warseno, SE (PDIP),  Pimpinan Badan Pembentukan Peraturan Daerah Ketua  H. Komarudin, SH, MH (Golkar) jeung Wakil Ketua Devi Mutiarasari (DPN), Pimpinan Badan Kehormatan Ketua Andriyani (Gerindra) jeung Wakil Ketua Moch. Arief Kurniawan (PKS), Pimpinan Pansus Tata Tertib DPRD Ketua Dias Rukmana Praja, SE (Golkar) jeung Wakil Ketua Yadi Nurbahrum (PDIP).
Dijelaskeun ku H. Ahmad Sanusi, kulantaran akumulasi jumlah anggota dewan, nu diusulkan fraksi keur diuk dina keanggotaan Badan Anggaran berjumlah 19 orang, ditambah unsur pimpinan menjadi 23 orang. Luyu Pasal 80 ayat (3) Peraturan DPRD No. 1 Tahun 2018, anggota Badan Kehormatan berjumlah 5 urang. Selajengna anggota Badan Pembentukan Peraturan Daérah nu diusulkéun fraksi hasil kasapukanna rapat pimpinan katut partai politik tanggal 27 September 2019 sarta rapat pimpinan jeung fraksi-fraksi tanggal 30 September 2019, nu jumlah anggotana réana 12 orang. Sedangkan, luyu sareng Pasal 96 ayat (5) anggota Pansus paling banyak berjumlah 15 orang.***  (Humas DPRD)    


Subscribe to receive free email updates: