GEREGET KADISDIK KAB. PURWAKARTA
GEREGET KADISDIK KAB. PURWAKARTA
Salahsahiji ku gereget Kapala Dinas Pendidikan Kabupatén
Purwakarta (H. Purwanto, M.Pd.) nyaéta nyalametkeun lingkungan tina runtah
palastik. Konsep éta diterapkeun di unggal sakola-sakola ti mimiti jenjang tingkat
TK, SD, jeung SMP. Samalah dikuatkeun ku diayakeunnana lomba sakola paling
bersih, ogé lomba Filem Pendek nu durasi lima menit dina téma : "SALAMETKEUN
LINGKUNGAN TINA RUNTAH PALASTIK".
Hal dimaksud di
luhur éta téh dideudeul kasaluyuan para Kapala Sakola sa-Kabupatén Purwakarta.
Tetela pangdeudeulna para kapala sakola nu kabuktiannana dina pelaksanaan PKKS
SD (Penilaian Kinerja Kepala Sekolah) SD sa-Kabupatén Purwakarta, anu
lumangsung sawatara waktu sasih katukang, dina Bulan September 2019 ieu, tiap
SD geus ngabarogaan tempat runtah palastik. Saperti ieu potret di SDN3 CILINGGA
Kecamatan Darangdan, Purwakarta.*** Cag.
AsSom Jumaah 27-09-2019