Pamaréntah Kabupaten Purwakarta Terus Kampanye pikeun Ngirangan Runtah Plastik.
"Edukasi tina pepelakan lahan anu sempit éta nu
jadi target ka masarakat, masarakat bisa nampi bibit sayuran ku cara nukeur
runtah bungkusan plastik”
P
|
amakéan bahan palastik pikeun bungkus kadaharan jeung inuman bisa
mangaruhan kana pencemaran lingkungan. Hal éta nu jadi perhatian serius ti pihak
Pemkab Purwakarta dina
ngaminimalisir pamakéan sarta numpukna runtah plastik.
"Runtah-runtah plastik éta
nu dipikahariwang, ku kituna sim kuring umajak ka para OPD pikeun ngarojong
ngaminimalisir runtah palastik,” kitu ceuk Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna
Mustika, Juma’ah, (4/10).

"Tangtosna
kuring miharep ka sadayana OPD pikeun leuwih apal ngeunaan runtah palastik,
bahkan programna tetep konsisten," saur Anne.
Numutkeun
anjeunna, pamiceunan runtah plastik éta téh, runtahna teu bisa terurai
sagancangna. Malahan mang taun-taun teruraina éta limbah palastik téh. Ku kituna
perlu penanganan sareng solusi anu leuwih daria.
"Perlu
diperyogikeun program anu massif sarta
upayana pikeun nyiptakeun lingkungan anu séhat," saur Mojang Purwakarta
1999 manten.
Rupa-rupa
OPD ogé terus nyebarkeun sosialisasi ti mimiti Kantor Dinas Pendidikan, Kantor
Pangan dan Pertanian (Dispangtan) sarta OPD anu sanésna, ayeuna kudu nyiapkeun tong
sampah plastik husus.
Saperti
contona, Dinas Pangan dan Pertanian (Dispangtan) Kabupatén Purwakarta terus ngamangpaatkeun momen car free
day di areal Taman Air Mancur Sribaduga pikeun nyayogikeun edukasi lingkungan ka
masarakat ngaliwatain Urban Farming On
The Road.

"Edukasi
tina pepelakan lahan anu sempit éta nu jadi target ka masarakat, masarakat bisa
nampi bibit sayuran ku cara nukeur runtah bungkusan plastik," saur Kepala
Bidang Pangan dan Pertanian Purwakarta, Agus Rachlan Suherlan, sawatara waktos
ka tukang.
Kagiatan
nu saperti kitu téh dialpukahan ku Séktor Pertanian dan Hortikultura. Pikeun leuwih
ngawanohkeun ka barudak satepak tur barudak anu dewasa. Sumawona, numutkeun
anjeunna, upaya pikeun maksimalkeun minat masarakat pikeun ngadahar sayur-sayuran.

Limbah-limbah
plastik saur Agus, éta bakal dikumpulkeun bisa dijadikeun pot atanapi hiasan,
atawa didistribusikeun ka kelompok masarakat anu ngamangpatkeun runtah plastik jadi
bahan daur ulang tepat guna.
"Ieu
téh minangka ngajaga lingkungan tina runtah palastik anu hésé terurai, tapi
bisa dimangpaatkeun jadi barang anu tepat guna," pokna.
Lain saukur ti Dispangtan wungkul
nu ngamangpaatkeun limbah palastik téh, tapi Dinas Pendidikan ogé milu aub tina
ngurangan runtah palastik. Sapertina Disdik tina program MPLS nu di orientasikeun
ka peserta didik, pikeun nargétkeun yén taun 2020 sakola di Purwakarta bebas
tina limbah plastik.
Malah mandar sawatara waktu
katukang, Dinas Pendidikan kungsi ngayakeun karnaval pakéan daur ulang tina
limbah palastik. Sedengkeun pamilonna diiluan ku 52 wawakil siswa SMP Negeri/swasta
sarta SMPN Satap terpadu.
Dina kasempetan éta, numutkeun
Kepala Dinas Pendidikan Purwakarta, H. Purwanto, lian ti ayana karnaval ogé
kiwari keur nyieun festival pilem pikeun nyalametkeun bumi.
"Tarekah jeung patéah diskdik
ieu téh minangka pikeun murid sareng guru katut masarakat yén pentingna
ngurangan penggunaan runtah plastik," saurna di tempat anu sami.
Sumawona, komitmen pikeun
ngirangan limbah plastik parantos dilaksanakeun mimitian tina kagiatan MPLS di
sakola. Bahkan komitmen ieu ngagaduhan pangaruh anu hadé, siswa SMP di
Purwakarta bahkan tiasa ngagunakeun runtah didaur ulang kana karya sareng
produk anu épéktip.
"Urang kedah waspada
sareng ngirangan plastik, runtah bisa di daur ulang deui, bahkan mahasiswa
parantos tiasa ngahasilkeun produk sapertos pot atanapi wadah sampah,"
jelasna.
Henteu ngan ukur Disdik atanapi
Dispangtan, Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupatén Purwakarta terus narékahan
pikeun ngampanyeukeun ngurangan runtah plastik ka masarakat, tapi ogé nyiapkeun
bank sampah.
"Jelas éta komitmen urang
pikeun ngajagaan lingkungan, utamina tina runtah plastik," saur Kepala DLH
Purwakarta Deden Guntari. (ADV)