Para Siswa-Siswi Kelas 1, Ku Guruna Dialajar Mulas di Luar Sakola
MI Al Muhajirin - Warta Sunda Onliné,
Puluhan siswa-siswi Kelas 1 A - D, MI Al-Muhajirin ngariung diburuan Indomart Bendul Sukatani pikeun milu aub dina Lomba Ngawarnaan nu diayakeun ku pihak Indomart, Saptu, (05/10).
Pihak Indomart nu diwakilan Teh Wina mandu acara Lomba Mewarnai. Tujuan acara éta téh, pikeun ngalatih jeung ngatik barudak sangkan apal warna nu aya dina éta gambar. Saperti halna gambar awan mulasna warna? Gambar jalan jeung sajabana mulas warna-warni.
Dina hal ieu mah, pihak sakola nu diwakilan guru Eva jeung Lina ngoordinir para siswana pikeun ngiring aub kana acara éta. "Ngahaja barudak didikna diarahkeun sabada mulang jam diajar langsung muru buruan Indomart, lantaran geus disiapkeun ku panitia pikeun lomba ngawarnaan," pokna Ibu Eva.
Lain halna ceuk mamahna Annisa kelas 1-C, Sundari (40). Ningali murangkalihna ngiringan lomba téh, katingalna amtusias mulas éta gambar.
Dina pantauan yén barudak MI Al-Muhajirin katingalna sarumanget marulas warna-warni éta gambar nu témana ngeunaan maskot indomart nu nyepeng bandéra dina bekgroun awan anu cerah. Katémbong dua urang siswa saperti halna Cép Séfa sareng Adit ngarasa seneng ngiringan lomba ngawarnaan. Sok sanajan mulasna asal-asalan. Tapi da ngaranna ogé budak, sakitu ogé bisa mulas kalayan nepija beres.***