WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Gubernur KDM : Mitembeyan Program Pendidikan Militer keur Barudak Bedegong di Bulan Mei

 

Gubernur KDM : Mitembeyan Program Pendidikan Militer keur Barudak Bedegong di Bulan Mei

"Gubernur Jabar jeung Bupati Purwakarta, poe ieu nganteur 40 Siswa nu 'bedegong' asup ka Barak Militer, pikeun Dididik Sacara Militer di Resimen 1 Sadang Purwakarta."


PURWAKARTA – Kurang leuwih 40 urang barudak bedegong ti sasabaha sakola nu aya di Kabupaten Purwakarta, poe Kemis resmi milu pendidikan militer di Resimen 1 Sadang Purwakarta.

Program pendidikan militer ieu minangka program nu geus di agendakeun ku Gubernur Jabar, Kang Dedi Mulyadi (KDM), malah mandar mimiti awal Mei 2025 di realisasikeun.

Mitembeyan aya kana 40 siswa nu bedegong ti sababaraha sakola nu aya di Purwakarta, barudak eta langsung diasupkeun ka barak militer pikeun dididik sacara militer.

Kukarancagean Gubernur Jabar jeung Bupati Purwakarta, Saepul Bahri Binzein (Om Zein) langsung nganteur puluhan siswa ka barak militer Resimen 1 Sadang Purwakarta.

“Poe ieu, ngamimitian ngadidik barudak bedegong didik sacara militer, malahan dimimitian di Kabupaten Purwakarta,” pokna KDM, ngalewatan seluller ka pojoksatu.id, Kamis (01/05).

Pendidikan militer nu bakal diterapkeun teh, paling aya kana 6 bulanna tur paling lila aya kana 1 taun.

“Mugia ku cara ngadidik sacara militer ieu, para siswa bisa ngarubah kabiasaan gorengpatut salila ieu. Anapon kitu sangkan bisa mihormat ka nu jadi sepuhna, henteu ngalawan teu bedegong deui,” pokna KDM.

Ku hal eta oge dihaminan ku Bupati Purwakarta, Om Zein, yen dina ngadidik ku cara militer ka siswa geus siap tianggalna.

“Malahan nepika anggaranna oge geus siap, jadi ayeuna para siswa asup ka barak pelatihan militer,” pokna Om Zein.

Disagedengeun eta, jumlah siswa nu ngiluan pendidikan militer eta teh, aya kana 40 siswa ti sababaraha sakola di Kabupaten Purwakarta.

“Inyana, miharep barudak nu dididik sacara militer di Resimen eta teh, sangkan siswana jadi prilaku anu hade, bertanggungjawab tur mihormat ka nu jadi indung bapana,” pona Om Zein.***


Sumber ti : pojoksatu.id 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Gubernur KDM : Mitembeyan Program Pendidikan Militer keur Barudak Bedegong di Bulan Mei"

Posting Komentar