WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

 

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

 Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan "NGOSREK", mulungan nepika ngainovasi teknologi sederhana ku mangrupa alat.* (Redaksi wartasunda.id)

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-

Program Ngosrék anu ayeuna digembar-gemborkeun téh disambut ku SMPN 1 Purwakarta, malah di sela-sela kagiatan beberesih saban poé Salasa jeung Jumaah, pihak sakola ngainovasi ku cara nyieun alat pikeun ngagampangkeun para siswana, utamana mah barudak kota béda jeung barudak nu di padésan. Pikeun ngawujudkeun kagiatan ieu téh,  program Ngosrek tujuannana pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih, séhat, nyaman anu ngarojong lingkungan anu ramah. 

    Dina kasempetan éta, tim redaksi www.wartasunda.id di lapang patepang langsung jeung kapala sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, nyampak dina 2 (dua) vidéo anu durasina 0,12 jeung 0,31 menit. Ieu nunjukkeun kaseriusan sakola dina ngajembatanan program Ngosrek.




    Kepala SMP Negeri 1 Purwakarta, H. Patoni, M.Pd., MM waktu ngadawuh ka www.wartasunda.id , “Kasibukan kepala sakola dina ngamangpaatkeun téknologi luyu raket patalina jeung program Tatanen di Balé Atikan (TdBA) , nepi ka ahirna nyieun pakakas anu basajan, énténg dina wangun tihang beusi, ngan saukur maké leungeun katuhu, manéhna bisa ngumpulkeun jeung milah-milah runtah.

    "Jumlah alat-alat ieu ayeuna terbatas sareng aranjeunna masih diuji," pokna. 

    Nurutkeun data anu dikumpulkeun tim redaksi, Elaborasi Ngosrek -ed, mangrupa kagiatan beberesih babarengan anu digagas ku Pamaréntah Kabupatén Purwakarta. Ku lantaran kitu, SMPN 1 Purwakarta ngalaksanakeunana unggal Salasa (Salasa Ngosrék ) jeung Jumaah (Jumaah Ngosrék).

    Kalayan tujuan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih, sehat sareng nyaman. Ngarojong nyiptakeun tempat kerja anu ramah lingkungan; Ngajaga kabersihan lingkungan. 

Ngawujudkeun Purwakarta husus. 

 


Kagiatan ieu mangrupa aksi nyata pikeun ngabersihkeun lingkungan sakola, boh di jero boh di luar gedong; Ngabersihan talang jeung trotoar hareupeun sakola; Mantuan ngabersihkeun lingkungan sabudeureun sakola.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek"

Posting Komentar