Bangunan Gedung Kasenian SDN 8 Ciseureuh Kahuruan
Purwakarta - Warta Sunda Onliné, - Tadi beurang bangunan gedung kasenian SDN 8 Ciseureuh nu alamatna di Perum Dian Anyar, Kelurahan Ciseureuh, Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (5/10), kahuruan jam 13.30 WIB, seuneu nu ngabebela.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun, yén kajadian kahuruan téh awalna tina dudurukan runtah palastik di kebon awi deukeut sakola.
Di tempat éta, 15 petugas ti Dinas Pemadam Kebakaran dan Penangulangan Bencana (DPKPB) Kabupaten Purwakarta langsung mareuman seuneu nu ngabebela, ngan ukur 40 menit seuneu geus bisa dipareuman.
"Hiji gedong kasenian milik SDN 8 Ciseureuh jeung salahsaurang imah warga kalentab seuneu. Nalika tim damkar sumping ka éta lokasi seuneu parantos ageung," saur Isma, petugas Damkar anu nuju di tempat éta.
Nalika dipanggihan di tempat kahuruan seuneu, Kasi Sarana dan Prasarana Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Ikhwan nyatakeun yén kasus kahuruan di ieu sakola geus ka dua kalina, saméméhna Agustus 2018, seuneu kahuruan sababaraha kelas.
"Sabenerna mah dina bulan Oktober ieu, yén gedong ieu téh rék direnofasi hateupna tina bahan injuk nu geus rapuh. Tapi kaburu kahuruan manten," saurna. Sanaos henteu aya korban jiwa, kajadian ieu ditaksir karugian 400 juta, kulantaran di jerona aya sajumlah alat seni pikeun prakték murid.***