WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ijazah Fisik Dihapus Diganti E-Ijazah Mulai 2025: Ini 6 Alasan Penting Kenapa Harus Diterapkan!

  Seiring berjalannya waktu dan perkembangan teknologi, pemerintah mengambil langkah besar dalam sistem administrasi pendidikan dengan mempe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Pitutur : PEUPEUJEUH KI SUNDA




PEUPEUJEUH KI SUNDA
Ku : Akoer Lah


Yeuh...
geura regepkeun :
Hirup mah kudu landung kandungan, laér aisan, leuleus jeujeur liat tali, gedé bacot hadé congcot, soméah hadé ka sémah. Congo nyurup kana puhu, ka luhur sirungan ka handap akaran. Bisa ngajaga panon ku awasna, ngajaga ceuli ku déngéna, ngajaga létah ku ucapna, ngajaga haté ku ikhlasna. Weruh ka semuna apal ka basana, rancingeus rasana rancagé haténa. Sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak.

Mun geus kitu bakal :
Bumi manjing ka langitna, ti langit séah hujanna, lembur subur, kota bagja, masjid jeung diri ngahiji, harta geus ngawujud harti, hukum geus ngawujud adil, nyanding pamingpin ka rahayat, ulama ajeg wiwaha, ucap jeung léngkah sarua, pitutur ngawangun subur, ayat ngawujud ka adab.

Mun teu kitu bakal :
Kawung mabur carulukna, samak leungiteun pandanna, ciamis tinggal paitna, cihérang tinggal kiruhna, resi leungiteun ajina, ulama ilang komara, kaduruk hawa napsuna, bangkong di kongkorong kujang, ka cai kundang cameti.***



Subscribe to receive free email updates: