WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Surat Edaran Bupati Ngeunaan Ngokolakeun Runtah di Purwakarta



B
upati Purwakarta Anne Ratna Mustika maréntahkeun sadaya Kepala Organisasi Pamaréntahan Daérah, Pamaréntahan Kacamatan, Pamaréntah Désa sareng Pamaréntah Kelurahan di Kabupatén Purwakarta pikeun ngokolakeun runtah sacara mandiri.

"Uar pangajakna sangkan para kepala OPD, camat, kepala désa sarta kelurahan di Purwakarta supados ngokolakeun limbah sacara mandiri di kantor masing-masing kalayan prinsip reduce, reuse sarta recycle,” saur Ambu Anne, Salasa (10/15).

Anjeunna ngécéskeun, sacara resmi parantos ngaluarkeun Surat Edaran Bupati Purwakarta luyu sareng Nomér : 658.1 / 3419 / BKPSDM, ngeunaan pengelolaan sampah secara mandiri.


Tina implementasi pasal 2 ayat 1 UU nomor 18 tahun 2008 ngeunaan pengelolaan sampah éta téh yén tiap urang dina pengelolaan sampah rumah tangga dan sejenis sampah rumah tangga wajib kedah ngirangan sareng nanganan runtah dina cara anu saé kalayan berwawasan lingkungan. 


"Pon kitu deui pasal 16 PP nomer 81 taun 2012 ngeunaan limbah rumah tangga, yén penanganan runtah ngawengku kagiatan ngawilah-wilah, ngumpulkeun, tur ngangkut sarta ngolah sinareng proses ahir," écés Bupati anu biasa disebat Ambu Anne. 

Aya tilu titik anu kedah dilakukeun ku pihak-pihak anu aub dina éta pasualan ieu téh. Anu kahiji, pihak anu dimaksud wajib kedah nyiapkeun tong sampah organik sareng non organik anu runtahna dipisah. 

"Kadua, urang kedah ngolah runtah organik janten kompos, kerajinan, sareng barang berharga sacara ekonomis. Teras, ngumpulkeun sampah non-organik supados tiasa dianggo deui atanapi dijual nganggo bank sampah," saur Ambu Anne. (*)

Subscribe to receive free email updates: