WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Program “Béas Kaheman”, Upaya Ngawangun Ketahanan Pangan


B
upati Purwakarta, Anne Ratna Mustika dina danget ayeuna keur ngagedurkeun program unik nu nyangkut kana kabutuhan pangan masarakatna. Nyaéta, program “Béas Kaheman” atawa “Beras Welas Asih.
Dina program éta, Pemkab Purwakarta nyiapkeun 36 ton béas jenis premium. Béas éta téh, keur bantuan pikeun masarakat kurang mangpu.
Taun 2019 ieu, pihakna nyiapkeun béas haratis keur ngabantuan ngaringankeun beban masarakat pra sejahtera, kualitasna,pokna Anne di Purwakarta. Salasa (29/10).
Anne ngajelaskeun, di wilayahna tepi ka ayeuna masih kénéh aya kirang langkung 50 rebu kepala keluarga (KK) nu kalebet kategori kurang mampu. Tina jumlah éta, 30 rebu KK di antarana nu rawan miskin.

Tina ngabagikeun béas kaheman ieu, pembagianna haratis nu dilakukeun saminggu sakali. nyaéta, ngalewatan program gempungan.
Tujuanna, numutkeun Bupati nenehna Ambu Anne ieu téh, ieu minangka bagian tina katahanan pangan masarakat Purwakarta, hususna warga kurang mampu.
“Total cadangan béas kaheman tina program ieu lobana aya kana 36 ton. Malah mandar nepika kiwari geus ka salurkeun kurang leuwih 26 ton na. Malah tiap KK, kenging bantuan 10 kilogram béasna téh,”jelas Ambu.
Sedengkeun Pihak Bulog ogé ngiring aub dina program ieu téh. Lian ti nyiapkeun 36 ton béas keur program éta, ayeuna Pemkab ogé boga cadangan béas nu disimpén di gudang Bulog piparantieun antisipasi bisi aya warga kakurangan pangan.

“Sabenerna mah, di urang mah teu rawan pangan. Tapi bantuan ieu, keur antisipasi wungkul,” pokna anjeunna.
Nurutkeun Anne, pihakna ngahaja ngaalokasikeun anggaran keur pengadaan bantuan béas ieu. Tujuanna, béas éta keur subsidi pikeun warga nu bener-bener teu mampu. Kajaba alokasi anggaran program ieu, aya kana Rp 450 juta.
Lian ti béas, sambung Anne, pihakna ogé nyiapkeun bantuan lainna. Nyatana, ku mangrupa endog jeung susu kemasan nu dibagikeun langsung ka warga, utamana mah ka pelajar. ieu minangka bagian tina upaya pamaréntah ngabantu keur pemenuhan gizi masarakat.

Malah endog mah, pihakna nyiapkeun lobana kurang leuwih kana 5 tonnan,” pokna.***


Subscribe to receive free email updates: