WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ngamekarkeun Jiwa Enterpreneur Pelajar Purwakarta, Ngalewatan Budak Angon

Hj. Anne Ratna Mustika nalika biantara di Bale Nagri Purwakarta. Salasa (29/10).*

Purwakarta – Warta Sunda Onliné, 
B
upati Purwakarta, Anne Ratna Mustika negeskeun yén ngawajibkeun pikeun pelajar mibanda ingon-ingon ternak geus tianggalna leuwih payun dijalankeun di Purwakarta, samalah programna parantos bergulir ti 2015.
Bupati nu nenehna Ambu Anne ieu téh, ngeceskeun yén program pelajar mibanda sasatoan ternak lain sawatés keur ngalihkeun pelajar tina gadget, tapi ngarahkeun kana aspek ngawangun sumanget siswa utamana ngawangun kacintaan kana dunia peternakan kalebet ngawangun jiwa enterpreneur.
"Ku dipilihna domba, keur Purwakarta mah wisata kuliner sate maranggi jadi ikon tur bahan bakuna nu lolobana di urang salahsahijina tina bahan dasar domba nu diternak ku para siswa," pokna Anne di Bale Nagri Purwakarta. Salasa (29/10).
Salian éta, program ieu geus ayana MoU antara Dinas Pendidikan jeung Dinas Peternakan, ahirna para siswa nernak tur kenging niléy akademis ti pihak sakola utamana mah pikeun ngalola ingon-ingon.



Sok sanajan, program éta can sagemblengna bisa dirasakeun ku pelajar lainna, nilik tina katerbatasan anggaran, tapi program nu saperti kitu geus bisa efektif tur kahontal.
"Nurutkeun data yén aya 7 kecamatan, nu efektif dina ngingon sasatoan ku barudak pelajar, sok sanajan, katerbatasan urang dina masihan domba per urangna saperti sawatara waktu katukang masihan sapasang domba jalu jeung bikangna,” pokna.
Program nu saperti kitu téh, Alhamdulillah kalintang positifna, kulantaran para siswa boga tanggung jawab anu gedé utama dina ngokolakeun ingon-ingon, malah kolotna ogé ngarojong.
"Sabada baralik sakola, barudak katingal sarumanget dina éta kagiatan (ngangon domba), baralikna aranjeunna méré nyatu ingon-ingonna, malah ieu tos katingal hasilna sacara ekonomi, aranjeunna baroga tabungan, nu penting ayana peran kolotna nu milu mantuan jeung ngarojong, ieu téh salahsahiji niléy akademik," pokna.
Sedengkeun nurutkeun Kasi Perbibitan Dinas Peternakan dan Perikanan Kabupatén Purwakarta, Intan Riyani. Ngungkabkeun yén siswa anu pinilih éta rék ngajalanan seleksi anu cukup ketat, apanan tina seleksi éta aya sababaraha siswa nu bisa ngajelaskeun cara beternak anu hadé kalebet ngarit jeung méré jukut anu pas pikeun ingon-ingon éta.
"Ku dibéréna domba éta ka siswa pinilih dina taun 2015 nu katukang, jeung aya kana sataun katukang yén dievaluasi téh, minangka dombana geus aranakan," pokna Intan di Kantor Dinas Peternakan, Purwakarta.

Lobana kana 52 ekor domba éta nu katurunan domba Garut, nu dibérékeun ka 26 siswa tingkat SD bohna siswa SMP pinilih téh, di sajumlah kecamatan di Purwakarta. Ka 26 siswa éta, dibéré sapasang domba siap kawin nu kisaran umur dombana téh genep bulan. (*)


Subscribe to receive free email updates: