WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kadeudeuh Pamaréntah : Dinas Pangan dan Pertanian Purwakarta Masarahkeun Bantuan Cultivator ti Kementerian Pertanian


Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika
Masrahkeun Bantuan ti Kementrian Pertanian ka Kelompok Tani Purwakarta.* 

PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
P
atani di Kabupatén Purwakarta, salila ieu dibébénjokeun ku Kementerian Pertanian. Salahahijina, ngalewatan pemberian bantuan nu diperlukeun pikeun nganingkatkeun produktifitas pertanian masing-masing.
Inovasi-inovasi keur ngaronjatkeun produktifitas pertanian hususna jenis paré, nu ngahaja dilakukeun ku pamaréntah. Apanan, pamaréntah nepi ka nargetkeun dina taun 2045 nu bakal datang yén Indonésia bisa jadi lumbung pangan sadunia.
Taun ieu, para petani di wilayahna ogé meunang ibar anu ngagumbirakeun. Ngalewatan Dinas Pangan dan Pertanian satempat, kiwari pamaréntah pusat méré bantuan ku mangrupa Traktor nu jumlahna aya kana lima unit, Pompa Air lobana 15 unit, sarta Cultivator atawa alat penggarap husus lahan kering lobana 17 unit.
Ayeuna, bantuan éta geus didistribusikeun ka masing-masing kelompok tani,” pokna Kepala Dinas Pangan dan Pertanian Kabupatén Purwakarta, Agus Rachlan Suherlan, Salasa (29/10/2019).
Bantuan ti Kementrian Pertanian di rawatan tur dipasrahkeun ka kelompok tani.*

Agus ngajelaskeun, ti taun 2014 kamari para petani ngaliwatan kelompokna hoyong meunanh bantuan alat pertanian. Nepika taun 2019 ieu kacatét, keur bantuan Traktor nu geus sumebar téh ngahontal kana 281 unit. Sedengkeun Pompa Air, aya kana 238 unit. Lian ti éta, keur alat Cultivator ngan ukur 31 unit.
“Masing – masing kelompok meunang saunit,” jelas anjeunna.
nurutkeun Agus, sakabéh bantuan éta ngahaja digolontorkeun keur ngaronjatkeun karaharjaan, taraf hirup jeung kamandirian para petani dina memenuhi kecukupan pangan.
Sajeroning kitu, Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika nambahkeun, yén patani minangka salaku penggerak utama di sektor pertanian. Ku kituna perlu, dibébénjokeun. Nanging, pihakna miharep ka para patani bisa ngamangpaatkeun bantuan éta sacara maksimal, lajuning ningkatkeun produktivitas pertanian.
Bantuan ti Kementrian Pertanian : Traktor, Pompa Air sarta Cultivator didistribusikeun ka kelompok tani.*

Pihakna miharep gedé, sangkan bantuan ieu bisa dimangpaatkeun sakumaha mistina. Inyana ogé miharep, bantuan nu saperti kitu téh bisa milu aubna para nonoman kana sektor pertanian,” pokna Anne. (*)

Subscribe to receive free email updates: