WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Semarak Pilkades Siap Sapa Kabupaten Purwakarta


Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
K
epala Dinas Pemberdayaan Masyarakat Désa (DPMD) Kabupatén Purwakarta, Panda Dinata mastikeun yén Pilkades di Purwakarta rék lumangsung kalayan meriah. Prediksi éta téh, hasil tina kapastian nu teu lepas dina sajumlah désa rék hajat pemilihan kepala désa, nyaéta kurang leuwih aya kana 83 désa.

Nurutkeun Panda, pihakna geus nyiapkeun skema tata kerja ti mimiti tins persiapan nepiks lumangsungna pelaksanaan. Hal éta aya sababaraha tahap ti mimiti pembentukan panitia di tingkat désa dugika kabupatén. Salain éta, numutkeun pengamatan jeung pengawasan siap ngawal sangkan pesta rakyat désa ngawujud kalayan aman jeung meriah.

“Kami nyatet aya 299.125 hak pilih nu aya di 83 désa di 17 kecamatan. Tangtu hajat pesta rakyat éta bakal meriah nya. Sedengkeun anggaran, pihakna geus nyiapkeun dana nu gedéna Rp. 7,9 Miliar,” pokna Panda di rohangan gawéna. Tempatna, di Jalan Purnawarman Barat, Purwakarta poé Rebo, (29/10/2019).

Panda ngeceskeun, yén tahapan Pilkades serentak paling dina Taun 2020-an. Sok sanajan can aya kepastian waktu pelaksanaan masih nunggu instruksi Bupati Purwakarta. Tapi, pihakna geus ngayakeun sababaha léngkah persiapannana.

“Tanggal jeung bulanna mah masih kénéh can bisa ditangtukeun kulantaran kan itu mah tos diatur ngalewatan instruksi Bupati Purwakarta. Dina hal ieu mah, pihak DPRD Purwakarta geus aya kasapuka dina pelaksanaan taun payun,” pokna.

Lalaki lalanangjagat nu hiji ieu téh nu biasa nyarita basa Sunda anu lemes ngajelaskeun ngeunaan skema pendanaan. Nurutkeun anjeuna, anggaranna mah teu disalurkeun lewat dinas nu dipingpinna téh. Tapi, Panitia Pilkades nu nyairkeunna lewat pamaréntah désa nu terkoneksi sacara sistem keuangan ka Pamaréntah Kabupatén Purwakarta.

“Teu ngaliwatan dinasna, éta mah langsung ti Pemkab ka panitia ngaliwatan pamaréntah désa,” pokna.

Lokasi Semarak Pilkadés

Panda nu rék mangsa purna bhakti akhir Taun 2019 ieu, inyana ngabeberkeun lokasi jeung jumlah hak pilih pilkadés sa-tatar Purwakarta. Nurutkeun anjeua, Pilkadés rék dilaksanakeun di hiji désa nu lokasina di Kecamatan Purwakarta nyaéta Désa Citalang. Jumlah hak pilih di désa éta lobana 7.514 hak pilih.

Sajeroning kitu, aya 7 désa di Kecamatan Campaka nu rék ngalaksanakeun Pilkades. Nyatana, Désa Campaka (3.052), Désa Bénténg (2.355), jeung Désa Cirendé (1.692). Ogé, Désa Cikumpay (5.546), Désa Cijaya (3.348), Désa Cimahi (4.209) jeung Désa Cijunti (3.906).

Opat désa di Kecamatan Jatiluhur ngawengku Désa Cikaobandung (4.349), Cilegong (4.193), Bunder (10.294) jeung Désa Cisalada nu hak pilihna 4.822.

Sapuluh désa di Kecamatan Pléréd; Désa Pléréd (3.889), Palinggihan (3.842), Gandasoli (2.805), Citéko (3.846), Rawasari (2.570), Anjun (3.728), Sindangsari (3.824), Gandamekar (2.563), Pamoyanan (5.006) jeung Désa Cibogogirang lobana 5.373 DPT.

Tujuh désa di Kecamatan Sukatani ngawengku Désa Malangnengah (4.095), Cilalawi (3.341), Cipicung (2.471), Tajursindang (4.334), Cijantung (3.544), Panyindangan (4.789) sarta Désa Sindanglaya nu hak pilih 3.092.
Opat désa di Kecamatan Darangdan diantarana Désa Darangdan (4.753), Cilingga (3.528), Sadarkarya (2.527) jeung Désa Neglasari nu jumlah 3.521 hak pilih.

Tilu désa di Kecamatan Maniis diantarana Désa Sinargalih (4.914), Ciramahilir (2.674) jeung Désa Sukamukti dengan DPT sebanyak 2.858.

Tiga desa di Kecamatan Tegalwaru; Desa Batutumpang (3.473), Warung Jeruk (3.730) dan Desa Sukamulya dengan DPT 4.658.

Delapan desa di Kecamatan Wanayasa diantarana Wanayasa (4.096), Sukadami (2.703), Wanasari (2.659), Simpang (1.483), Nagrog (1.909), Babakan (2.792), Ciawi (2.289) sarta Désa Raharja sebanyak 1.098 DPT.

Dua désa di Kecamatan Pasawahan; Désa Selaawi (3.843) sarta Désa Margasari jumlah 3.305 hak pilih.

Lima désa di Kecamatan Bojong ngawengku diantarana Désa Bojong Barat (2.632), Cileunca (2.849), Cibingbin (3.670), Sukamanah (2.165) sarta Désa Pasanggrahan jumlah 1.865 hak pilih.

Tujuh désa di Kecamatan Babakan Cikao dintarana Désa Cilangkap (5.147), Hegarmanah (2.431), Babakancikao (3.436), Maracang (6.261), Ciwareng (7.008), Mulyamekar (6.736) jeung Désa Cigelam sebanyak 4.736 DPT.

Sapuluh désa di Kecamatan Bungursari diantarana Désa Ciwangi (7.229), Cibening (8.359), Bungursari (2.640), Dangdeur (1.743), Cibungur (2.730), Cinangka (2.992), Cikopo (5.321), Cibodas (5.074) sarta Désa Karang Mukti jumlahna 2.118 hak pilih.

Tilu désa di Kecamatan Cibatu diantarana Désa Cibatu (2.506), Cilandak (3.871) Sarta Désa Ciparungsari jeung jumlah DPT sebanyak 2.759.

Dua désa di Désa Sukasari; Désa Kutamanah (2.196) jeung Désa Kertamanah jumlah 2.845 DPT.

Tilu désa di Kecamatan Pondoksalam diantarana Désa Parakansalam (1.328), Salem (2.639) sarta Désa Bungurjaya jumlah 1.529 DPT.

Anapon kitu Lima Désa di Kecamatan Kiarapedes diantarana Désa Kiarapedes (2.495), Ciracas (2.198), Parakan Garokgek (2.685), Mekarjaya (2.109) sarta Désa Taringgullandeuh jumlah 1.619 hak pilih.***

Subscribe to receive free email updates: