Upaya Pemkab Purwakarta Netepkeun Zona Merah di Opat Kecamatan
Hj. Anne Ratna Mustika (Bupati Purwakarta) nalika diwawancara ku awak média.*
"Lahan Pertanian di opat kecamatan di Purwakarta, tong nepika salin rupa jadi industri pon jadi perumahan. Nilik tina zona merah keur pangwangunan."
Purwakarta - Warta Sunda Onliné,
Kabupaten Purwakarta, ayeuna jadi salahsahiji daérah berkembang di Jawa Barat. Salila ieu nepi ka loba investor arasup ka wilayahna pikeun mengembangkeun hiji perusahaan di bidang industri, ritel atawa property.
Geus jadi kawajiban Pamaréntah Kabupatén
Purwakarta gura-giru ngayakeun langkah-langkah anu strategis pikeun ngamankeun lahan produktif nu masih kénéh nyesa. Saperti halna lahan pertanian nu salila ieu jadi salahsahiji perekonomian masarakat di wilayahna.
Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika ngaku ku hal éta. Atas dasar éta ogé, pihakna ngaluarkeun kawijakan teges sangkan méré perlindungan kana lahan pertanian nu masih kénéh nyesa. Tarékahna, nyaéta memperketat izin pembangunan perumahan anyar di Purwakarta.
“Pihakna ngaku, ku mekarna di wilayah kerjana, ayana alih fungsi lahan makin kadieunakeun ngaririwaan ka para petani. Ieu nu kudu diantisipasi,” ceuk Anne, Rebo, (30/10/2019).
Anne ngajelaskeun, tina data nu aya di dinas terkait yén legana sawah di wilayahna ngahontal kana 18 rebu hektare. Tina jumlah éta, 10 rebu hektarena ngarupakeun sawah irigasi teknis jeung 8.000 hektare di antarana ngarupakeun sawah tadah hujan.
Inyana ogé negaskeun, kapayunna lahan-lahan produktif ieu téh tong nepi ka jadi alih fungsi sagala rupa, komi jeung alesan naon waé ogé . Pihakna, rék satékah pola nepi ka komitmen jeung para pemilik lahan, sangkan tong babaribkitu waé ngajual lahan pertanian penggarap.
“Mun seug nepi ka dijual, engkéna pihakna rék ménta katerangan ka para pembelina. Rék keur naon éta meuli lahan éta! Mun keur industry atawa perumahan, kami moal ngizinan,” Tegesna.
Bupati nenehna Ambu Anne ngaku, pihakna kudu ngaintervensi pikeun mertahankeun lahan produktif éta. Hal ieu ogé jadi bagian tina upaya pamaréntah dina raraga ningkatkeun produksi pertanian.
Kiwari, pemkab geus netapkeun lahan pertanian di opat kecamatan jadi wilayah nu terlarang atawa zona merah pikeun alih fungsi lahan. Saperti di Kecamatan Babakan Cikao, Bungursari, Campaka jeung Cibatu.
“Di opat kecamatan ieu ku kami geus ditandaan, teu meunang saha waé komo nepi ka sajengkal ogé lahan pertanian produktif jadi alih fungsi,” teges anjeuna.
Upaya lainna ogé, nyaéta pihakna terus ngarojong jeung méré motivasi ka para petani ku rupa-rupa bantuan.
Inyana ogé ngeceskeun, yén taun payun pemkab ngarencanakeun ngagelar hiji event upayana keur ngajak kaum milenial sangkan resep kana sektor pertanian.

“Malah mandar taun payun aya event, pikeun generasi nu anom mikaresep kana dunya tani,” pokna.(*)