WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bupati Purwakarta Umajak : Kantor Pamaréntahan Nyiapkeun Tempat Nginum Ramah Lingkungan

Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika nalika diwawancara Doorstop ku Para Wartawan


PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
B
upati Purwakarta, Anne Ratna Mustika ngainstruksikeun ka sakabéh dinas/OPD sangkan tong nyiapkeun deui cai nginum kemasan ti masing-masing kantor. Gagantina mah, yén kantor-kantor pamaréntah pikeun nyiapkeun media cai nginum jeung tempat cai anu ramah lingkungan.

Dina ha lieu mah gagantina, para paga wajib mawa wadah nginum sorangan. Atawa, kantor dinas/OPD kudu nyiapkeun tempat nginum nu leuwih ramah lingkungan. Jadi, teu meunang deui aya cai nginum kemasan,” pokna Anne, Senen, (28/10/2019).
Peueujeuh Anne pikeun dinas – dinas jeung perangkat pamaréntah ieu lain tanpa alesan. Ari tujuanna, dina raraga upaya ngurangan penggunaan wadah berbahan dasar plastik. Carana, bisa ngaganti jeung kendi atawa bahan nu leuwih ramah lingkungan.
Keur mah di urang, loba kendi-kendi tina taneuh buatan Pléréd. Bisa ngagunakeun éta. Atawa, bisa jeung nyiapkeun tempat cai nginumna (dispenser). Jadi mun pagawé rék nginum nya nginum didinya. Tingal mawa wadahna sorangan. Ieu raraga upaya ngurangan produksi runtah palastik,” pokna anjeuna.
Lain saukur ngaganti wdah cai nginum wungkul, sambung Anne, pihakna ogé geus ngainstruksikeun Dinas Lingkungan Hidup (DLH) henteu nyokot runtah di tiap kantor-kantor pamaréntah.
Malah mandar kapauyuna, salabéh kantor pamaréntah, ti mimiti OPD, Kecamatan katut Kelurahan/désa kudu ngokolakeun runtahna masing-masing,” Anne negeskeun.
Anne ngeceskeun, kawijakanna ieu mah aya dina surat edaran nomor 658.1/3419/BKPSDM. Malahan poin nu penting dina edaran éta téh, nyatana ngaintruksikeun sangkan sakabéh kantor OPD jeung kantor pamaréntah lainna di wilayahna, kudu nyiapkeun jeung ngalola runtahna masing-masing.
“Jadi, sakabéh kantor pamaréntah kudu ngalola runtahna sorangan. Minimalna, kudu nyiapkeun tempat sampah nu organik jeung anorganik,” jelasna.
Anapon kitu surat edaran ieu téh minangka implementasi tina UU Nomor 18/2018 ngeunaan pengelolaan sampah. Ku ayana edaran éta, mimiti ayeuna sakabéh perangkat pamaréntah wajib nyiapkeun tempat pengelolaan runtahna masing-masing.
“Jadi, runtah-runtah ti dinas – dinas ieu henteu deui diangkut ku para petugas kabersihan nu dipiceun ka TPA Cikolotok. Tapi diolah sorangan,” pokna Anne.
Dina hal ieu mah, Anne miharep, ka para pagawé bisa sakaligus jadi agen kabersihan. Minimalna husus keur lingkunganna masing-masing. Sahenteuna, prilaku hirup bersih jeung sehat bisa ku aranjeuna diwariskeun ka masarakat.
Sabenerna mah parsualan runtah téh, lain saukur jadi tanggung jawab Dinas Lingkungan Hidup wungkul. Tapi, ieu jadi tanggungjawab babarengan, pikeun ka ciptana lingkungan bersih jeung sehat,” pokna. (*)



Subscribe to receive free email updates: