WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Peupeujeuh Bupati Purwakarta Untuk Para Pemuda


PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
M
iéling poé Sumpah Pemuda ka-91 taun di Purwakarta lumangsung kalayan rohaka. Sarua saperti taun – taun saméméhna para pagawé pamaréntah dikudukeun nganggo raksukan pakéan adat ti berbagai daérah di Indonésia.
Ngan nu ngabédakeunna mah, upacara miélingna tempatna di Taman Pasanggrahan Purwakarta, kajaba ayana defile ti 3.000 peserta anak usia dini ti sakabéh PAUD jeung TK sa-Purwakarta nu sarua ngaranggo raksukan pakéan adat Nusantara.
Bupati Purwakarta Anne Ratna Mustika ngembarkeun, yén tujuan para pamilon maraké pakéan adat jeung barudak marilu upacara miéling sumpah pemuda keur ningkatkeun kasadaran jeung ngawanohkeun budaya di Indonésia.


"Dengan mengangkat gebyar nusantara, kewajiban kita untuk mengingatkan, memperlihatkan juga mempertahankan serta memperkenalkan kepada semua pihak, terutama pada generasi muda, dan anak-anak bahwa inilah Indonésia yang penuh dengan aneka budaya, keberagaman suku, agama dan inilah yang menjadi pondasi negara kita, yang diikat dalam NKRI," pokna Anne disela-sela miéling poé Sumpah Pemuda ka-91 taun, Senen, (28/10/2019).
Anne ngajelaskeun, kiwari peran para nonoman ayana parobahan keur Purwakarta kana arah anu leuwih hade tina sisi pembangunan.
"Kapasitas para nonoman dina ngeusi pangwangunan hususna di Purwakarta, pon kitu deui di Jawa Barat bohna Indonésai, aranjeuna kudu jadi generasi anu pinuh kreatifitas, inovasi ogé integritas," pokna.

Inyana, ogé peupeujeuh, pikeun leuwih terciptana para nonoman anu berguna pikeun nusa katut bangsa, kudu terus ningkatkeun kamampuan.
"Terus jeung tingkatkeun kamampuan para nonoman dina kagaiatan anu positif sangkan bisa ngawariskeun sumanget ka nu lainna, komo ka babaturanna mah, pikeun nyangking mikaconto poma nonoman kudu jadi pelopor jeung penggerak dina ngeusi pangwangunan di Indonésia," peupeujeuhna Anne ka para nonoman di Purwakarta. (*)



Subscribe to receive free email updates: