Nyoko Kana Kota Ramah Anak Taun 2020, Bupati Purwakarta Nyiapkeun KIA
A
|
yeuna Pamaréntah Kabupatén Purwakarta parantos nyiapkeun kartu pikeun
murangkalih, rupa-rupa layanan bakal
dipikabutuh pikeun murangkalih anu boga
kartu. Ieu mangrupikeun tarékah anu
dilakukeun ku Bupati Purwakarta pikeun ngahontal kota anu ramah anak. Tina fasilitas tempat ulin baruak, nepi ka tempat-tempat
anu genah tur tumaninah kanggo
barudak.
Dinas Kependudukan dan Pencatatan
Sipil (Disdukcatpil), Pemkab Purwakarta
dina waktu deukeut bakal ngaluarkeun Kartu Identitas Anak (KIA). Naon
atuh mangpaat jeung pungsina éta.
Kepala Disdukcapil Purwakarta
Sulaiman Wilman nembrakeun,
aya
sababaraha kauntungan
pikeun buda
nu mibanda KIA.
“Diantarana rék meunang diskon jeung penyedia jasa anak anu geus gawé bareng.
Hal éta tangtu perlu
ayana
rojongan
ti
pihak eksekutif,” jelas Wilman di
Purwakarta. Poé Kemis, (24/10).
Sajeroning kitu, pihakna masih ngalakukeun tahap
pelayanan jeung
pengadaan barang keur
pencetakan
kartuna.
Ayeuna,
layanan
masih diwatesan kulantaran
daruratna alat cetak
nu sakumaha mistina.
“Targetna pencetakan KIA kiranglangkung kana
300 ribu keping keur umur 17 taun kahandap. Tapi data éta ngarupakeun data kasar nu can diverifikasi
deui,”
pokna deui.
Nurutkeun anjeuna, mun dina pencetakan KIA éta geus beres rék
diterbitkeun
sacara
resmi dina
pertengahan Desember 2019 nu bakal
datang di Mall Pelayanan (Pasar Jumat).
Peluncuran kartu identitas éta
téh luyu
sareng peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 2 Tahun 2016 ngeunaan
kartu identitas anak.
“Peluncuran KIA éta sifatna wajib nilik tina sakabéh kabupatén jeung kota di Indonésia dina taun 2020 kudu
realisasi. Mun acan,
malahan keuna
sanksi ti
pusat. Nu janten
bangbaluhna téh tina segi peralatan, mun prasaranana geus lengkep kalayan blangkona
mun geus aya,
tangtu tinggal
cetak wungkul,”
pokna.
Inyana ngaku, yén ayeuna pihakna geus ngayakeun pengadaan Printer jenisna
jenis evolis
nu ngarupakeun printer husus
keur nyitak
KIA.
“Kajaba nu jadi targetna geus boga blangko, kurang leuwih 47 ribu blangko, mudah –
mudahan cukup. Kulantaran
henteu gumantung kana blangko ti pusat husus keur KIA,” pokna deui.***