Carpon Misteri : JURIG KAMAR CAI (Bagian.5)
Kuring ngahudangkeun Noki, kaluar
ti dapur. Lalumpat ka buruan. Noki langsung mabrét ka jalan, asup kana mobil,
ngaringkeb manéh. Sedengkeun kuring ngajanteng di buruan. Panasaran, ningali ka
lebah imah. Ujug-ujug kaca dapur gegedoran. Beretek ka jalan. Noki muka panto
mobil, “Lebet, Kang!”
Noki jeung kuring ngaharéphép
dina jero mobil. Sasakali kuring ngalieuk ka buruan. Karérét pameunteu Noki
kaciri sepa, biwirna kunyam-kunyem, leungeunna namprak. Kuring ogé nurutan jiga
manéhna.
“Kang...” ngalieuk. “Hapunten,
abdi moal cios mésér bumi téh.” Ngodok tas, ngasongkeun sertipikat. “Abdi moal
nyuhunkeun artos wangsul sadayana, nu penting perjangjian ical-galeuhna batal.”
Kuring surti, tapi masalahna duit
ti manéhna aya dina koper di jero imah. “Mangga,” ceuk kuring. “Tapi perkawis
kajantenan ieu ulah wawartos ka sasaha, nya?”
Unggeuk, “Enya.”
Jut kuring turun tina mobil,
leumpang ka buruan. Ngalieuk ka Noki, nyampak keur noong tina mobil. Kuring
melong kana kaca imah, taya sora gegedoran deui. Ngaléngkah ngadeukeutan panto.
Lalaunan dibuka. Nyampak koper aya di tengah-tengah imah, padahal saméméhna aya
di lawang kamar. Pasti aya nu mindahkeun, tapi lain kuring. Mun teu Noki nu
mindahkeun, boa nu di kamar cai.
Noki ngelaksonan. Kuring
ngalieuk. Kaciri biwirna usik, “Aya naon...?”
Leungeun kuring méré isarah
euweuh nanaon tuluy manteng deui kana koper. Lalaunan ngaléngkahkeun suku bari
luak-lieuk. Lima léngkah deui kana koper, kuring ngadéngé sora nu ngucuprak di
kamar cai. Gura-giru lumpat, ngaraéh pajingjingan koper, bari malikkeun awak
nyéréd koper. Ngadak-ngadak beurat, jiga nu ngait. Nu kukucuprakan geus teu
kadadéngé. Kuring ngabedol koper satarikna, tapi pageuh. Karasa leungeun kuring
nu kalahka kabetot katukang. Saha nu menyéng koper? Kuring teu wani nempo ka
tukang. Kuring ngaleupaskeun pajingjingan koper, beretek kaluar.
Nepi buruan, kuring noong ka jero
imah. Koper masih aya dina tempatna, tapi teu ningali nanaon deui. Ngalieuk ka
Noki. Manéhna kerung merhatikeun kuring.
Kuring ngajanteng deui di lawang
panto. Ngarénghap panjang, ngumpulkeun kawani. Gedig leumpang ka jero.
Kodongkang, gap kana pajingjingjingan koper. Barang keur dongko kitu, kuring
ningali sapasang suku keur napak kana lanté, bodas jeung mulus. Ujug-ujug aya
nu ngeclak, beureum ngalémbéréh kana sukuna. Nyegak hangru kana irung. Kuring
teu wani nangtung ajeg, sieun paadu hareupan. Muirkeun awak bari dongko,
nukangan koper. Berebet, teu sirikna notog-notogkeun manéh kaluar. Langsung
muru kana mobil Noki.
“Buka...!”
Noki ngadorong panto mobil, blus
kuring ka jero. Rénghap ranjug bari ngadégdég.
“A-Aya nu tadi, Kang?”
Unggeuk.
Noki murungkut.
Duit Noki saratus lima puluh juta
aya dina koper kuring. Kumaha nyokotna? ngahuleng.
Kucluk-kucluk, kuring nempo nu
ngagandong karung gedé nu pinuh ku kardus jeung botol. Mang Jaja? Kuring turun
tina mobil, megat Mang Jaja tatangga kuring peuntaseun makam.
“Sakedap, Mang. Abdi nyuhunkeun
tulung lah.”
“Badé naon?” ngécagkeun karung
rongsokan.
Kuring muka dompét, ngasongkeun
duit lima puluh rébu, “Ieu kanggo roko, tapi punten pangnyandakeun koper di
rorompok, lebetna anggoan wungkul, kaleresan abdi nuju nyeri awak.”
“Atuh wios...ieu artos mani
ageung-ageung teuing,” nampanan duit.
“Mangga baé kanggo Mamang.”
“Nuhun atuh,” mésakan duit. “Di
lebet koperna?”
“Muhun. Teras panggul wé ka
luar.”
“Mangga...mangga,” gedig leumpang
ka buruan.
Kuring jeung Noki merhatikeun
Mang Jaja ti jalan. Manéhna asup ka imah, teu katempo deui da kahalangan ku
kaca.
Geus samenit Mang Jaja can
kaluar. Kuring jeung Noki silihrérét. “Teu kadugaeun kitu?” ngalieuk kana
karung. “Tapi beurat kénéh babawaan manéhna.”
Lima menit. Mang Jaja euweuh
embol-embol.
“Mang...!” kuring ngajorowok.
Jempling.
HANCA