WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Béas Kaheman (Ku : Asep Somantri)

P
Senen 23 September 2019 nu kaliwat nganclong ka SD sakacamatan Darangdan Kabupatén Purwakarta. Dina raraga ngalaksanakeun salahsahiji program Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, nyaéta Penilaian Kinerja Kepala Sekolah (PKKS).




Sarempak di 17 Kecamatan sakuliah Kabupat
én Purwakarta PKKS dilaksanakeun. Anu mitembeyanna ti tanggal 23 September nepi ka tanggal 30 September 2019.

B
éas kaheman anu diterapkeun di sakola-sakola SD sakabupatén Purwakarta ti awal taun pelajaran 2017- 2018 masih lumangsung dugi ka danget ayeuna taun pelajaran 2019-2020

B
éas kaheman mangrupakeun prak-prakan wujud Penguatan Pendidikan Karakter (PPK)di SD sakabupatén Purwakarta.


Program béas kaheman di lingkungan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta hususna di tingkat SD parantos lumangsung ti taun pelajaran 2017/2018 tug dugi ka kiwari. Hal ieu dikuatan ku ayana program pamaréntah patali Penguatan Pendidikan Karakter (PPK)


Prak-prakan pelaksanaan program béas kaheman, teu lesot sareng musawarah antara pihak SD sareng Komite sakola dina raraga sosialisasi maksud jeung tujuan program. Pihak sakola (SD) ngainventarisir barudak yatim, piatu, lemah ekonomi, ogé Jakmania jompo di sabudereun sakola.

Siswa SD nu lebet kategori mampu tur rido dianjurkeun ngumpulkeun béas saridona sarta dibawa ka sakola satiap poé Kemis. Dina poé Kemis éta, béas kaheman ti para siswa (donatur) dibagikeun langsung ka anu hak narima, luyu sareng anu parantos diinventarisir ku sakola sewang-sewang.

Ngalangkungan kagiatan program béas kaheman, malah mandar jiwa sosial binih bangsa tiasa kapupuk ngabuah kahadé.
Aamiin ya Allah ya Rabbal alamiin
Cag 🙏🙏

Subscribe to receive free email updates: