WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI BENDUL : Patalimarga Bendul Macet 1,5 Jam. Aya Naon????


Patalimarga Bendul
Macet 1,5 Jam.
Aya Naon????

Bendul – Warta Sunda Onliné,
W
ajar sataun sakali mah, para pengguna patalimarga di wewengkon Désa Sukatani kudu macet. Da ieu mah geus maneuh unggal taun dina ngareuah-reuah kagiatan Rosululloh SAW. Apanan urang salaku umat manten-Na kedah ngareuah-reuahna. Anapon kitu keur ngaraketkeun ukhuwah Islamiyah papada umat muslim.
Ku kituna, ngan ukur kurang leuwih dua am mah, wayahna para pengguna kaganggu patalimargana. “Ka pengguna jalan wayahna tong kukulutus ku kamacetan jalanna, Nya!!!” ceuk Kordes LSM Kompak Sukatani (Ket. Jaenal Asikin) ka Warta Sunda Onliné, poé Saptu (7/9) nalika keur ngatur pasuliwerna kandaraan motor tur mobil di wewengkon Bendul – Sukatani, Purwakarta Jawa Barat.
Pihakna ngahaja ngilu aub pikeun ngatur éta jalan, keur ngamankeun sangkan tong aya nepika kacilakaan hususna  para pamilon Pawey Akbar PPC PGM Sukatani, Porsadin FKDT Kecamatan Sukatani sarta pamilon Lomba RA Tingkat Kecamatan PC IGRA/KKRA Kecamatan Sukatani nu diiluan ku 3.500 urang.
Pihakna ngerahkeun anggota na leuwih ti sapuluh urang, malah mandar dibarengan Satkorcab Banser Sukatani, kapulisian sarta warga setempat nu milu ngatur patalimarga antara Lapang Espect sareng patalimarga Bendul Sukatani dugika Kampus 4 Al-Muhajirin/Yayasan Al-Wathon. Ieu karancagéan dina nyukseskeun PHBI 2019.
Lain halna ceuk perwakilan masarakat nu nongton aleut-aleutan pawey éta, sebuut waé, Ceu Kokom urang Cikadu ngahaja ti imahna datang pikeun nyaksenan acara nu saperti kitu téh geus tilu taun katukang. Ngan ayeuna mah katingalna euyeub pisan pamilonna. Lantaran titingalianna ayeuna mah majelis-majelis ta’lim milu aub ngareuah-reuah acara hususna pawey akbar.
Sedengkeun ceuk Doni (30) warga Kampung Curug, Klari, Karawang, dirina nu poéan éta mah rék ka Bandung kapaksa kudu sabar nungguan muru ka Bandung. Tabi basa ku Warta Sunda Onliné, dituduhkeun arah motong jalan beurit anjeuna balik arah muu ka Kampung Cikadu caket Pombensin Bendul diarahkeun keur motong jalan, kaluar-kaluar Gang Pasar Anyar Bendul bias lancer keur ka Bandung-nakeun.
Béda deui ceuk Ipan, urang Kp. Cilalawi nu imahna deukeut SDN 1 Cianting Utara, nu rék muru pagawéanana di Cipaisan, ku ayana kamacetan éta saget motong jalan ti Pasar Anyar Bendul sarua jeung Doni uang Karawang motong jalan, ngan ieu mah arahna berlawanan arah.***


Subscribe to receive free email updates: