WARTA TI GARUT : Ngawanohkeun Sistem Pemilu di Sakola
Ngawanohkeun Sistem Pemilu
di Sakola
Ku : Hendi Ahmad Sarip
K
|
angaranan di sakola, teu kawengku ku
pangajaran nu ditepikeun di jero kelas wungkul. Aya ogé atikan nu dilaksanakeun
di luar kelas, nyaéta ékstra kurikulér anu diluluguan ku OSIS (Organisasi Siswa
Intra Sekolah) jeung MPK (Majelis Permusyawaratan Kelas) salaku organisasi nu
jadi wadah sakur kagiatan siswa.
Pamilihan Pupuhu OSIS (PPO) di SMP Islam Al-Khaériyyah Cibatu
Kabupatén Garut geus matuh dilaksanakeun dina saban awal taun ajaran anu
tujuanana; salian ti pikeun milih siswa pinunjul, ogé dina raraga méré
pangaweruh ka barudak ngeunaan ‘politik praktis’ katut cara ngokolakeun
pamilihan sakumaha ilaharna Pemilu di nagara.
Dina prak-prakanana, MPK salaku panata
calagara PPO ngayakeun heula ‘seleksi’ ka sakum siswa nu boga niat hayang
nyalonkeun. Ti mimiti ‘seleksi administrasi’, wawancara, tug ngumpulkeun tanda
tangan babaturanana salaku wangun rojongan ka manéhna.
Tina opat welas siswa kasaring opat pasang
calon pupuhu katut wakilna. Satutas dicindekkeun mah, pasangan calon téh
digiringkeun sina kampanyeu; orasi katut napel-napelkeun ‘pamphlet’ sangkan
meunang rojongan nu saloba-lobana. Salian ti ngaping calon, MPK ogé nataharkeun
tempat katut saniskara pangabutuh séjénna pikeun lumangsungna pamilihan.

Mimitina, ‘hak pilih’ nu geus daptar ka
méja KPPS (Komisi Panitia Pemungutan Suara) 4 jeung 5 sina dariuk di ‘Ruang
Tunggu’. Ti dinya, dicalukan ku KPPS 3 pikeun narima ‘Surat Suara’ ti KPPS 2
anu geus ditanda-tanganan ku pupuhu panitia, kalawan saterusna mah muru ka
‘Bilik Suara’ pikeun nyoblos gambar calon pilihanana.
‘Surat Suara’ nu geus dicoblos kudu
ditilepan deui sakumaha asalna, laju diasupkeun kana ‘Kotak Suara’ anu
ditungguan ku KPPS 6. Tutas kitu mah tinggal nganclomkeun salahsahiji ramona
kana tinta nu geus disayagakeun ku KPPS 7.

Panceg jam 11.00, ‘Rapat Pemungutan Suara’
dipungkas tur sakabéh panitia nataharkeun saniskara kabutuhan ‘Rapat
Penghitungan Suara’ anu dilaksanakeun ti pukul 11.15 tepi ka réngséna.
Mudah-mudahan, naon anu diajarkeun masing
gedé mangpaatna pikeun barudak nu boga kahayang, enggoning ngaronjatkeun
pangaweruh katut pangalaman dina widang kaorganisasian.***