FIKMIN BASA SUNDA : OMAT, AKTEU LAHIR TONG DITAMBAHAN SAKAREP INGSUN!
A
|
kteu lahir, salah sahiji dokumen pribadi nu penting dipiboga ku sakumna
warga nagara, pikeun bukti yén urang téh bener anak ti Bapa Fulan jeung ibu
Fulanah. Babari sabenerna mah ngadamel akteu lahir anak téh. Cukup datang ka
Disdukcapil, mawa syarat-syarat nyaéta KK, KTP ibu rama, Surat Nikah, Surat
Katerangan Lahir ti bidan atawa ti Desa jeung KTP saksi.
Datang ka Disdukcapil, mimitina kudu daftar ka méja pendaftaran, tuluy biasana sok dipasihan formulir eusianeun jeung nomor antri. Upami dipanggil, syarat di luhur dipasihkeun bareng jeung formulir nu tos dieusian. Sanggeus dipariksa dokumenna teu aya nu salah, biasana dokumen sok ditukeurkeun ku sacewir kertas nu di dinya aya katerangan iraha akteu réngséna pikeun bukti nyandak akteu, biasana 3 poé ti harita atawa paling lila saminggu (kungsi kétang aya leuwih ti sabulanna karak jadi ).
Tah upami pas waktosna akteu jadi, kedah ditaliti heula naha akteu téh saluyu jeung dokumen atawa henteu. Lamun aya nu salah misal dina ngaran atawa tanggal lahir, harita kénéh bisa ngajukeun sangkan dibenerkeun.
Di lembur, biasana masyarakat ngadamel akteu téh sok nganggo jasa RT atawa jasa saha waé nu tiasa. Masyarakat sok terang bérés bélaan daék mayar leuwih batan pusing bulak-balik atawa antri di Disdukcapil. Masalahna, masih seueur warga nu can gaduh dokumen syarat-syarat di luhur janten prosés ngadamel akteu mingkin lami da kudu nyieun heula syarat-syaratna. Hal éta ngabalukarkeun seueur nu horéam nyieun akteu da salian ti riweuh jeung lila, sok aya oknum pagawé nu "ngagetok" harga.
Masalah lian ti nyieun akteu, masih aya warga nu can apal yén akteu téh teu meunang dicurat-corét, mun tos jadi teu meunang sakahayang sabab lamun dicurat-corét hartina akteu téh rusak jeung teu bisa kapaké. Sakali deui, lamun aya kasalahan boh dina ngaran, tanggal lahir atawa ngaran kolot kudu dibenerkeun langsung ka Disdukcapil, ulah kalah ditambahan atawa dicorét ku sorangan. Hal ieu téh sabenerna sok disosialisasikeun boh di sakola boh di desa. Tapi geuning aya kénéh wéh nu mawa karep sorangan.
Ieu dua conto akteu budak nu asup sakola, nu aya corétan, matak pusing pihak sakola. Pas digero kolotna, tibang ukur molohok, majar têh teu apal sugan téh moal nanaon. "Ampuuun deech ..."***
#Carita_NH
02-09-2019