WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI RA/TK/DTA/MTs SUKATANI : PGM, IGRA & FKDT Kecamatan Sukatani Maneuh Unggal Taun Magelarkeun Muharaman


PGM, IGRA & FKDT Kecamatan Sukatani
Maneuh Unggal Taun Magelarkeun PHBI


SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
D
ina raraga ngabagéakeun datangna taun anyar Islam 1441 Hijriayah jeung muharaman, Perkumpulan Guru Madrasah (PGM) jeung Ikatan Guru RA (IGRA) Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta ngagelar saniskara kagiatan Kampus 4 MI Al-Muhajirin & MTs Al-Wathon Sukatani, Purwakarta.
Dina kagiatan éta téh pamilonna Pawey Akbar PPC PGM Sukatani, Porsadin FKDT Kecamatan Sukatani sarta pamilon Lomba RA Tingkat Kecamatan PC IGRA/KKRA Kecamatan Sukatani nu diiluan ku 3.500 urang nu ngawengku pamilon ti 18 RA, DTA 25, MI, MTs sarta Majlis Ta’lim Sa-Kecamatan Sukatani. Téma kagiatan éta téh : “Dengan Gebyar Muharram 1441 H & Porsadin, Kita Kembangkan Bakat Kréatifitas Anak dan Pererat Ukhuwah Islamiah.” Kitu ditetelakeun ku Ketua Panitia Acara, H. Sobari, S.Ag (Yayasan Al-Wathon/Kepala MI Al-Muhajirin) ka Warta Sunda Onliné dilokasi acara, poé Saptu (7/9) di MI Al-Muhajirin & MTs Al-Wathon Sukatani, Purwakarta.
Inyana netelakeun yén ieu kagiatan téh maneuh unggal taun dilaksanakeun. Tujuan utamana mah salian ti ngudag kana fadhilah Muharaman ogé ngalatih ka barudak supaya numuwuhkeun sikep mikanya’ah tur mikaasih ka sasama. Malah kagiatan nu saperti kitu téh diiluan pamilonna ti tingkat TK/RA sarta MI sa-tatar Kecamatan Sukatani, pokna.
Lain halna ceuk salahsaurang Pangurus DTA Al-Idrisiyatussalafiyah, Ust. M. Abdul Aziz nembrakeun rasa kabungahna ku lumangsungna éta acara sanajan saukur basaan.
“Komo nepika Kepala Désa Sukatani ngadongdon tur muka acara kagiatan nu saperti kitu. Kagiatan nu ieu téh hasil tina karancagéan rengrengan juru atik (guru-guru) jeung Kepala Sekolah TK/RA sarta MI, DTA katut orang tua murid.
Dina kasempetan éta ogé, Kepala Désa Sukatani, Asép Sumpena, inyana ngarasa reueus yén barudak diwanohkeun kana kagiatan PHBI, sapertos ayeuna kagiatan mapag taun anyar Islam atawa 1 Muharam. Malah mandar, pihakna siap ngarojong tiap kagiatan PHBI, mun tiasa taun payun mah, starna ti Kampus 4 Al-Muhajirin/Yayasan Al-Wathon – finis tur saniskara kagiatan dipuseurkeun di Lapang Espect.
Sedengkeun ceuk Ketua IGRA Kabupatén Purwakarta, Evi Lutfiah, S.Pd, dipiharep investasi keur barudak sangkan soleh tur solehah.
Ari ceuk Acép, inyana ngajentrekeun kagiatan Muharraman ieu téh diantarana : kagiatan Bhaksos, Pildacil, Hifdzil Qur’an, Kaligrafi, Cerdas Cermat, Lomba Mewarnai TK RA, sarta dina Widang Olahraga Sprint jeung Futsal sarta teu kakantun Fashion Show.
Malahan saur Udan Ahmad, Humas Kampus 4 Al-Muhajirin/Yayasan Al-Wathon, ngarumaoskeun rempegna pamilon nepika tempat Kampus 4 na téh pinuh tur pasedek-sedek sareng para pamilon.
Numutkeun  pantauan Warta Sunda Onliné, yén kagiatan éta téh teu leupas ti peran serta ti Aparat Désa Sukatani (Kepala Desa : Asép Sumpena), Kordes LSM Kompak Sukatani (Ket. Jaenal Asikin), Satkorcab Banser Sukatani, kepulisian sarta warga setempat nu milu ngatur patalimarga antara Lapang Espect sareng patalimarga Bendul Sukatani dugika Kampus 4 Al-Muhajirin/Yayasan Al-Wathon. Anapon kitu pihak panitia masihan bantosan ka 30 urang anak yatim nu aya disabudeureun Kampus 4.
Acara nu saperti kitu téh dihadiran ti Pengawas RA/TK/MI/MTS Kemenag Purwakarta, Ketua IGRA Kabupatén Purwakarta. Perwakilan Banser Kabupatén Purwakarta. ***

Subscribe to receive free email updates: