WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

TAMBA MANYUN : Tukang Kai jeung Deasy Ratnasari

Tukang Kai jeung Deasy Ratnasari
Oleh" KH Dadan Bardansyah

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan.

Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka déwa, doana kadanguan ku Déwa, Dewa turun ti langit teras naros : "Hey...kunaon maneh ceurik?"

Si Tukang Kai éta ngajawab yén kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab : "Sanés!"

Dèwa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna pérak, terus nanya ka tukang kai , "Sugan nu ieu kampak anjeun téh?" Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanés!"

Gejebur deui, déwa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu mémang kaboga si tukang kai, "Ieu meureun kampak anjeun téh?"

Tukang kai ngajawab: "Sumuhun, leres Gusti !"

Déwa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, éta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai téh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikoséwad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka Déwa. Doana kadangueun ku Déwa, Déwa turun ti langit teras naros : "Kunaon deui anjeun ceurik?"

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan Déwa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Déasy Ratnasari, terus naros: "Ieu pamajikan anjeun téh?" Na ari pok téh: "Leres, eta pamajikan abdi téh!"

Dêwa teh kacida ambekna, teras nyarios : "Anjeun bohong!, teu jujur!"
Si Tukang kai téh ngajawab bari ampun-ampunan :

"Aduh Gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanés.....sanés....kitu maksad téh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab éta sanés pamajikan abdi, engké Gusti teuleum deui, nyandak... Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui éta mah sanés pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun éta pamajikan abdi. Engké ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi.

Gusti, terang nyalira abdi téh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan wé ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Déasy Ratnasari téh!".***

Subscribe to receive free email updates: