WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI KEMENAG - Zakat Fitrah di Purwakata ku Bèas 2,5 Kg atawa ku Duit Rp. 32.000,-


Zakat Fitrah di Purwakata
ku Bèas 2,5 Kg atawa ku Duit Rp. 32.000,-

KEMENAG – Warta Sunda Online,
K
abupaten Purwakarta netapkeun gedèna zakat fitrah dina Bulan Ramadan 1440 H/2019 M nya èta gedèna kana Rp. 32.000.
Gedè na zakat èta teh disaruakeun jeung kawajiban tiap urang dina zakat fitrah ku bèas nyatana 2,5 kilogram bèas.
Ceuk Ketua Baznas Kabupaten Purwakarta, Safarudin ngajelaskeun gedèna zakat fitrah èta tèh upami diètang harga bèas setara 2,5 kilogram.
"Taun ayeuna zakat fitrah ditetepkeun gedèna kana Rp 32.000 atawa setara 2,5 kilogram bèas," pokna Safarudin ka wartawan Salasa, (14/5/2019).
Nitenan nu saperti kitu tèh, ayeuna harga bèas dipasaran Rp 12.800, ku kituna lamun diètang luyu sareng katangtuan mah Rp 32.000 ieu geus pas dina ètangan taun ayeuna.
Dibandingkeun dua taun katukang nyaèta taun 2017, Baznas Purwakarta netepkeun gedèna zakat fitrah setara Rp 25.000.
Ku jumlah zakat fitrah èta tèh, Baznas Purwakarta nargetkeun pendapatan zakat fitrah di Purwakarta ngahontal Rp 3 Miliar.
"Tina zakat, infaq, jeung shadaqoh taun ieu bisa kahontal Rp 3 miliar leuwih," pokna.
Dina taun 2018, Baznas Kabupaten Purwakarta dina ngumpulkeun zakat ngaronjat target Rp 3 miiar realisasi nepika Rp 3,5 miliar. Anapon kitu tina pendistribusian zakat tèh didominasi keur fakir miskin sarta fisabilillah.*** Anto. 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI KEMENAG - Zakat Fitrah di Purwakata ku Bèas 2,5 Kg atawa ku Duit Rp. 32.000,-"

Posting Komentar