WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI JAKARTA - Ceuk Ketua Badan Legislasi DPR : Sarat Wates Usia Honorer K2 Di Hapus Honorèr Leuwih ti 35 taun Tanpa Tes!!


Ceuk Ketua Badan Legislasi DPR :
Sarat Wates Usia Honorer K2 Di Hapus
Honorèr Leuwih ti 35 taun Tanpa Tes!!

JAKARTA – Warta Sunda Onlinè,
N
itenan kakuciwaan ti para honorèr K2 ngeunaan kawijakan nu ngawates umur maksimal 35 taun pikeun milu tes CPNS 2018 tèh, ayeuna mah syarat batas umur 35 taun dihapus. Kulantaran lolobana honorèr K2 tèh umurna geus karolot kajaba babakti na geus mang taun-taun tur ka uji pengabdianana.
Ku hal èta, ceuk Ketua Badan Legislasi DPR, Suprtman Andi Agtas, ahirna DPR mèrè solusi pikeun ngungkulan honorèr K2 nu umurna 35 taun kaluhur meunang perhatian nu serius, carana ngahapus sarat wates usia 35 taun.
“Ari konkritna mah, pihakna mènta buru-buru memeres. Ngeunaan wates usia mah teu perlu, pon kitu deui tong aya jalur testing sagala rupa, padahal aranjeunna geus babakti puluhan taun,” pokna Supratman ka wartawan, sawatara waktu katukang.
Kajaba ti èta, ngeunaan keuangan nagara teu mampu ngabiayaan pengangkatan honorèr K2 sakaligus, saèna mah angkat jadi CPNS sacara bertahap nepika jangka waktu lima tau beres.
“Tapi dina mèrè kawijakan afirmatif ka para honorèr K2 nu umurna leuwih ti 35 taun kudu meunang prioritas, malahan dibere win-win solution. Da maranehanana aya kepastian anu jelas,” pokna politikus Gerindra ieu.
Ku ayana kepastian èta, misalna sakabèh nu diangat jadi CPNS sacara bertahap dina kurun waktu 5 taun, pasti aranjeuna narima. Komo mun keuagan nagara bisa normal deui mah bisa leuwih gancang dina pengangkatan para honorèr K2.***  


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI JAKARTA - Ceuk Ketua Badan Legislasi DPR : Sarat Wates Usia Honorer K2 Di Hapus Honorèr Leuwih ti 35 taun Tanpa Tes!!"

Posting Komentar