WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta

Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta Dua Gunung nu aya di dua wilayah seperti Gunung Dingding...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

FIKMIN BASA SUNNDA - Bune Upik

T
adi isuk-isuk, bari gégéroh Puspa ngadongéng (pamali keur puasa mun disebut ngagosip mah, heu heu...). Nyaritakeun kamari basa méméh indit ka tempat ngajurian, apan cenah dangdan heula di markas DMS (kabeneran inyana Pimpro di dinya). Geus meunang dangdan, ana jol téh tatangga ngalalar, teuing naon maksudna ujug pok, "Éh aya Si Budak Goréng..." bari melong ditujukeun ka Puspa. 

Puspa nu ngarasa geus lain budak deui (jeung enyana, Mommy mah umur 24 téh baheula geus ngais budak), ngarasa tugenah.
"Heureuy boa, Nong," cekéng.
"Heureuy téh kudu puguh tempatna, Bu. Ningali situasi. Ieu mah di payuneun nu seueur jalmi. Jeung naon maksudna ngaheureuyan ku kalimah siga kitu? Kedah ka nu tos loma atuh ari bahasana kitu mah. Ieu mah apan mung ukur wawuh biasa..." témbalna dareuda.
"Ngarasa manéhna kasép meureun," cekéng.
"Enya da masing tos puguh abdi goréng patut gé asa teu kudu disebut kitu payuneun batur. Di dinya téh aya murid abdi, aya relasi, aya staf. Sok teu ngarti ku jalan pamikiran jalma model kitu..." cenah.
"Isshh kudu ngamaklum. Manéhna teu boga attitude, teu apal kumaha carana kudu bersikap profesional, teu apal kudu kumaha ngahargaan dirina sorangan..."
"Ngahargaan dirina sorangan kumaha, Bu?"
"Euh ieu mah... Kieu yeuh... Dia bersikap begitu itu sama dengan dia sedang menjatuhkan harga dirinya sendiri. Dengan tidak menghargai orang lain, itu sama artinya dia sedang menunjukkan kualitas dirinya. Seperti apa, sebatas bagaimana. Apanan ari basa téh nunjukkeun bangsa. Si Éta basana kitu, nunjukkeun saha dirina. Sampai sini ngacapruknya ibu, teteh paham ya? "
"Ha ha iya... Maklum dia kan hanya tamatan SD..."
"Sssttt jangan bawa-bawa sekolah formal. Itu bukan ukuran. Loba jalma nu sakolana luhur tapi teu apal tata krama, teu bisa tumpa-tumpa ngagunakeun basa. Tapi teu saeutik jalma nu teu sakola, apal kudu kumaha sikep ngajénan batur jeung dirina...."
"Jadi intina, mun urang teu resep ningali batur kitu ka urang, urang gé ulah kitu ka batur. Kitu nya Bu?"
"Cakep...".***

#Bune Upik

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FIKMIN BASA SUNNDA - Bune Upik"

Posting Komentar