PROGRAM CSR PT. HINO - KADEUDEUHNA MASRAHKEUN ALAT PERMESINAN
Kadeudeuhna PT. HINO
dina Masrahkeun Program CSR ka
STT Wastukancana
Presiden Direktur HMMI PT. HINO poto bareng Pihak Yayasan Bunga Bangsa STT Wastukancana Purwakarta
PROGRAM CSR – Warta Sunda Onliné,
J
|
arang-jarang perusahaan géde ngarasa tanggung jawab ka
lingkungannana, boh lingkungan alamna atawa rahayat nu aya disabudeureunnana,
béda deui nu dilakukeun ku PT. HINO, perusahaan géde ngabogaan rasa tanggung
jawab ka lingkungannana, buktina perusahaan ieu ngabogaan Program Corporate Social
Responsibility (CSR) nu hartina Tanggung Jawab Sosial Perusahaan ka Lingkungan,
hususna ka lingkung pendidikan di paguron luhur.
Kukituna, pihak PT. HINO Motors
Manufacturing Inonésia (HMMI) ieu geus ngalaksanakeun Program CSR na masrahkeun
Alat Peraga Transmission, Spring,
Injection Pump jeung komponén
Kendaraan bermotor HINO ka Jurusan Teknik Mesin Sekolah Tinggi Teknologi
Wastukancana Purwakarta, Rébo, (13/2-2019) di Jalan Cikopak Kecamatan
Babakancikao, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.
Bantuan éta téh, Ceuk Bagas, bidang
Corporate External Affairs Division
ngajelaskeun hasil tina karya putra-putri urang Purwakarta nu geus milu aub
dina pangwangunan negeri buatan Indonésia. “Malahan PT. HINO, geus 35 taun milu
marancahan dunya ekonomi keur karaharjaan bangsa Indonésia, hususna warga
masarakat Purwakarta dina ngamangpaatkeun Sumber Daya Manusia (SDM) dina
ngokolakeun pagawé nu ahli dina widangna masing-masing, pon kitu deui Sumber
Daya Industri (SDI) nu aya,” pokna Bagas.
Lain hal na deui ceuk Presiden
Direktur HMMI, Kazushi Ehara, nalika diwawancara ku Warta Sunda Onliné, inyana nyebutkeun yén masrahkeun bantuan ieu
téh pikeun ngabantu di paguron luhur hususna keur para mahasiswa jurusan Teknik
Mesin pikeun leuwih ngarti kana dunya permesinan, tur tiasa ngamekarkeun
kaélmuanna.
“Produksi-produksi hasil HINO ieu
téh, geus bisa diekspor ka salapan negara di dunia, ieu téh hasil karya para
putra-putri Kabupatén Purwakarta,” pokna Kazushi Ehara nu didampingan ku gaidna
narjamahkeun Bahasa Jepang ka Bahasa Indonésia.
Ceuk Kornélis Jurnialis Elias,
salahsaurang mahasiswa jurusan Teknik Mesin STT Wastukancana, dirina ngarasa
bangga yén tempat kuliahanana nepika aya nu merhatikeun hususna ti PT. HINO
dina masrahkeun alat-alat permesinan. “malihan, eur sim kuring sareng
rerencangannana tiasa praktek ngagunakeun alata nu samodél kitu, pikeun leuwih
apal kana dunya permesinan,” pokna.
Dina kasempetan éta ogé, wawakil
ti Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, Drs. H. Kodar Solihat, M.Si, inyana
miharep ka PT. HINO sangkan méré bantuan téh
ka pendidikan. Lantaran di Pendidikan téh ayana lembaga SD, SMP jeung
PAUD. Kukituna miharep bisa kagilir kenging bantosan Program CSR ti PT.
HINO.*** Anto Sukanto
0 Response to "PROGRAM CSR PT. HINO - KADEUDEUHNA MASRAHKEUN ALAT PERMESINAN"
Posting Komentar