WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PLESIRAN - Lolongok ka Emplasement PT.PN VIII Gunung Anaga Titingal Zaman Walanda Taun 1918


Lolongok ka Emplasemen 
PT.PN VIII Gunung Anaga
Titingal Zaman Walanda Taun 1918

“Dua kaahéngan di wewengkon Gunung Anaga jadi carita keur balaréa disakuliaheun Kecamatan Tegalwaru. Dalah teu kabéh wargana ogé apal kana mitos, saperti ayana budak nu disundatan ku ghoib jeung ayana mitos harta karun Walanda nepika danget ayeuna euweuh nu bisa ngabuktikeun éta carita, sok sanajan paranormal nu ngulik kana banda-banda antik éta kudu gelut jeung Jin.”
PLESIRAN – Warta Sunda Onliné,
H
UJAN ka sorénakeun téh, Warta Sunda Onliné dibaturan ku Héru Susanto, S.Pd (guru SMPN 3 / SMKN Tegalwaru) aprak-aprakan di Kampung Gunung Anaga RT.14/RW.08 Désa Cisarua Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, dua motor ngajugjug ka bangunan urut Pabrik Pengolahan Karet jeung Imah Dines Afdeling katut Perumahan pagawé PT.PN VIII Kebun Gunung Anaga, Kemis (31/1).
Anu dimaksud kungsi jadi imah dines ku Héru (keur leutik di éta wewengkon) téh bangunan titingal Walanda bogana Perséroan Terbatas Perkebunan Nasional (PTPN) VIII. Dina beusi tiang pancang, maké basa Walanda nu tulisnana GUTEHOFFNUNGSHUTTE N O 18. Ngandung harti éta kodé bahan bangunan buatan Walanda.
Nilik tina kasang tukang bangunan urut Pabrik Pengolahan Karet jeung Imah Dines Afdeling katut Perumahan pagawé PT.PN VIII Kebun Gunung Anaga, ramana Héru Susanto nyatana Toni Suwanto (Pangsiunan pagawé PT.PN VIII Kebun Gunung Anaga) taun 1981 téh nyaritakeun pangalaman ka Warta Sunda Onliné.
Toni Suwanto (nenehna Wawan) téh, kasang tukang ngadegna wangunan bangunan urut Pabrik Pengolahan Karet jeung Imah Dines Afdeling katut Perumahan pagawé PTPN VIII Gunung Anaga téh 18-12-1918 saacan merdeka titingan Walanda.
Pernahna téh di ponclot batu-batu urut gunung bitu, nu asalna sakurilingeunana Kebon Karet, tapi ayeuna mah dihumaan jeung dikebonan ku para warga di éta wewengkon. Alatan harita taun 2015, Wawan nu kungsi milu aub dina penebangan 300 Ha Kebun Karet Gunung Anaga saméméh pangsiun, harita jabatan Mandor Besar Bidang Lapangan.
Beulah kulon jalanna ka Kampung Bojong deukeut ka cai nu pakasaban warga didinya pamayang tur boga lapang rakit tempat pamancingan rata-rata urang Bandung ngadon mancing. Béh kalér imah dines nu tapel watesna 50 métér aya makom karomah Mbah Uyut Nursaén, Mbah Nilem jeung Mbah Rukanda ceuk sakaol nalika abdi sok ngriring tawasulan nalika Mama Ajengan H. Dalimi (alm), yén makom Mbah Rukanda téh sesepuh di éta wewengkon Gunung Anaga jaman gorombolan DI taun 1958 geus nyieun ukuran awak anjeunna nalika ditémbak hoyong dimakomkeun hareupeun Pabrik Karet Gunug Anaga. Nepika ayeuna éta makom téh bareng sareng Makom Mbah Uyut Nursaén nu harita geledegan kénéh, dina taun 1970, tatangakal nu aya dideukeut makom téh ditaluaran jaman Adm na Pa Tatang.
Kajaba ti éta, Mbah Uyut Nursaén téh rundayanan kahandapna ka Kiyai Syaféi Citéko Pléréd ramana Pa Yaya Toyalisi Guru Citéko nu nyebarkeun agama Islam di éta wewengon. Unggal bulan Juma’ah kaliwon, babakuna bulan Mulud loba nu ngadon jaroh ka Makom Mbah Uyut Nursaén bari tawasulan nu dipingpin ku Kuncén Ustad Ali di Citéko Kalér Pléréd.
Tilu carita nu AhéngCarita nyata dina taun 1986, “Aya salah saurang budak nu keur dias ku indungna, nalika ngaliwat éta makom (Mbah Uyut Nursaén jeung Mbah Rukanda) nu jadi budak téh ngagoak bari jeung pupuringisan. Basa ku indung bapana ditanya jeung dipariksa ka nu jadi budak, yén dirina téh alat vital (kanjutna) katingali jiga geus disundatan, padahan acan. Ceuk sakaol mah éta téh disundatan ku ghoib/Jin. Nepika ayeuna éta budak téh teu disundatan. Malahan anjeunna téh geus batian dua urang. wastana Asep Marjono nu jadi indungna Anné sareng bapana Marjono warga Kampung Hégarmanah 2 RT.4/RW.6 Désa Cisarua Kecamatan Tegalwaru Purwakarta.
Pihak Pa RT (Makmur) jeung Pa RW (Agus Hérmawan) ngabenerkeun yén Asép Marjono téh disundatan ku goib nepika ayeuna jeung geus boga 2 (dua) budak.
Lain deui jeung Iwan nu sarua jiga disundatan, tapi teu lila kuncup deui bobogaanana. Ceuk Dadan (Guru SMPN 2 Tegalwaru) nu ngabenerkeun Asep Marrjono bohna Iwan sarua disundatan ku goib.
Hiji deui carita nyata yén aya salaki-pamajikan (Nia/Sulaéman) urang Kampung Margasaluyu RT.02/RW.01 Désa Cisarua Kecamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta nu kungsi ngimpi taun 2014 yén pikeun ngabuktikeun impian téh nepika aranjeunna ngajugjug ka Imah Zinder Afdeling Gunung Anaga. Harita dianteur ku Ajeng putrana Toni Suwanto ngadongdon impian Nia/Sulaéman. “Nya, bener pisan dina impian téh sarua. Malah mah nu jelas tina impian téh, yén dibeulah WC téh dina Bak Mandi katingali nyacas impian éta téh.” Kitu dicaritakeun ku Héru Susanto ka Galura, nalika reureuh di SMKN 1 Tegalwaru keur tatahar bangunan sakola.
Kebun Anaga dina taun 1980 geus katingali yén diambang rék teu produksi kulantaran ditarik ka Kebun Cikumpay nyatana dina taun 1993 ngan ukur ngirim latek wungkul ka Kebun Cikumpay, nilik tina program peng efesiensi PTPN XII nu kawitna 3 ADM saperti halna ADM Kebun Gunung Anaga, Gunung Héjo jeung Adm Kebun Cikumpay. Sedengkeun Adm Gunung Héjo nu asalna ka Kebun Panglejar Kabupatén Bangung Barat, ku ayana Sistem Otonomi Daérah lebet ka Cikumpay ina taun 1996.
Taun 1996 ayana Program Penggabungan Se-Indonésia nu asalna 30 Kebun diciutkeun janten 14 Kebun Provinsi, conto Banten – Jabar janten PT.PN VII, Semarang janten PT.PN IX, Jateng PT.PN XII. Poma deui Kebun Gunung Anaga teu produksi, nya bangunan sakuliaheun PT.PN VIII nu nginduk ka Kebun Cikumpay téh antukna teu kapiara, malahan jadi wangunan kosong nu geueuman.
Masih ceuk Toni Suwanto, “mun harita nalika dines kénéh welasan taun katukang nalika jadi satpam pagawé perkebunan. Mun dina rék narima honor/buruh téh para pagawé sok jalan pipir asup ka éta imah dines. Malah mandar di buruan éta téh kungsi ayana Balong, tempat parkir jeung dipager. Anapon kitu digigirna ogé hiji tempat keur para mantri keur ngaulaan para gegeden Afdéling nalika katarajang panyakit.”
Tapi ceuk Toni nalika anjeuna keur leutik mah yén di Imah Dines Afdéling Gunung Anaga harita mah di éta wewengkon kasebutna leuweung geledegan pinuh ku tangkal kopo jeung dorowak nu sagedé-gedé drum, kajaba aya makom geledegan inyana sok ngintip ningali nu keur tapa dihandapeun tangkal dorowak. Ngan tangkal dorowak jeung kopo mah geus teu aya, aya ogé kari tangkal caringin tinggal ukul tugggul.
“Béda pisan jeung puluhan taun katukang raména ku pagawé nu keur mroduksi latek. Malahan, harita sim kuring nuju keur jadi mandor besar dina taun 1975/1976 , ngakut hasil produksi téh sabulan sakali malah mandar nepika 3 balen ngakutna téh, lantaran jalanna nu harita masih kénéh tarahal, bari jeung mobil harita ngan ukur hiji-hijina angkutan ku mangrupa latek karet, kajaba nganteurkeunanana kana karéta di stasion Pléréd kakara diangkut ka Tanjungpriuk - Jakarta.
Titingal lain zaman Walanda téh nyaéta Emplasement Gunung Anaga (rumah dinés karyawan, perumahan, pabrik, gudang). Emplasement Gunung Anaga Tegalwaru ngeunaan perumahan aya sabaraha modél perumahan saperti diantarana Perumahan Bédeng Kopél lokasina di gigireun Lapang Perkebunan (anu wangunan perumahanana dicicingan ku 40 imah); Perumahan Bédeng Pasar dilebakeun Imah Dinés Perkebunan manjang sasuhunan dicicingan 10 KK; Sedengkeun Perumahan Blok Bédeng lokasina mencar-mencar saperti Blok deukeut Sakola SDN Gunung Anaga, Blok Tamiang Kuning, Blok Sorog atawa Kiaralawang. Pon kitu deui ayana Perumahan Jamaras, Perumahan Pasir Heulang nu ayeuna di deukeut SDN 2 Pasanggrahan. Ngan perumahan-perumahan éta téh ayeuna mah kari waasna.
Pon kitu deui titingal Walanda wangunan  jembatan anu bahanna tina eurél anu geus teu berfungsi sakumaha mistina, alatan jembatan éta ayeuna pinuh u jukut areuy nu kawitna susukan téh ayeuna sarua pinuh ku areuy. Sakali-kali mah warga sok ngabukbak areuy dilokasi éta, ari ku ayeuna usum ngijih mah, alatan jukut bohna areuy sing tumbuh deui.
Lian ti éta, ngujur kidul tapel wates ka wangunan sakola nya SDN 1 Tegalsari nu harita mah SD Induk nu statusna SD Imprés Anaga, ngan ku ayana otonomi daérah, ngaran sakola robah jadi SDN 1 Tegalsari. Tapi ari aslina tempat wangunan sakola mah lebah tangkal kiara nu ngujur kidul-kalér SD Anaga harita mah can aya sakola di tilu désa antara Désa Batutumpang, Cisarua jeung Tegalsari. “Malahan sim kuring asup ka SD téh taun 1967 SD na mah ngan saukur SD Anaga titingal Walanda, ayeuna ngalih caket lapang Tegalsari luyu sareng OTDA,” pokna.
Malahan keur jaman sakola di SD téh, nulisna maké Sabak, pasti kolot bheula mah tangtu apal naon ari Sabak téh, Sabak téh mangrupa hamparan batu kawas talenan, ari alat paragi nulisna tina grift, inventarisir ti sakola zaman Walanda. Ceuk lalaki nu ayeuna jadi
Lain deui ceuk Suhaéli, S.Pd (Kepala UPTD Pendidian Kecamatan Maniis) ngabenerkeun nu dicaritakeun ku Pa Toni Suwanto, yén leres pisan harita di wewengkon Gunung Anaga can aya sakola jiga ayeuna nu ngajenggelek SDN 1 Tegalsari.*** Anto Sukanto


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PLESIRAN - Lolongok ka Emplasement PT.PN VIII Gunung Anaga Titingal Zaman Walanda Taun 1918"

Posting Komentar