WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ti PSM ka Kepala Sakola : Proses Inspirasi Lalakon Panjang

Ti PSM ka Kepala Sakola : Proses Inspirasi Lalakon Panjang Mangsana taun 2000-an téh, minangka keur sim kuring mitembeyan gawe ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Warta ti Garut - Malangbong – GARUT, Mangsana Ngalongok nu Jadi Anak


Malangbong – GARUT, Mangsana Ngalongok nu Jadi Anak

GARUT – Warta Sunda Onliné,
D
inten Minggu ieu mah giliran ngalongok Téh Syifa ka Malangbong. Di jalan mendak pemandangan éndah pisan. Dasar tukang selfi, enggal lungsur heula popotoan. Atuh Kinan mani jigrah, resepeun pisan. "Hoyong dipoto caket bunga!" Cenah bari ngagaya. Emmm Gusti, mani geus supel deui dipoto téh, Sayang. Lunggak-linggek bari ngacungkeun ramo. 
Di Malangbong payuneun pasar nyimpang ka ATM. Lain rék nyaritakeun duitna da saldo téh ning ipis waé. Ngan aya nu lucu, Kinan nyagerewek di payun, "Horeeee mamah badé ngala artos, Papih, Mamah dapat uang!" Tukang dagang jeung nu ngantri di dinya gé kabéh saleuseurian. Bari nyarebut "Lucuuuu!"
Nyimpang deui ka toko oleh-oleh. Mésér kirimkeuneun tamba lengoh. Di dieu sakalian mésér burayot khas Garut téa. Panasaran hoyong apal kumaha rasana. Ari pék ampir sami jeung ali agrem mung béda bentukna wungkul. 
Dugi ka Pasantrén. Kasampak tétéh nuju latihan poli. "Enjing badé turnamen ka Garut...." Cenah. Alhamdulillah aktif olahraga ogé. Jadi pamaén inti di tim poli pelajarna. Nuhun Gusti, sing sehat, soléh ogé. Bagjana, budak aktif kagiatan ekskull tangtu loba mangpaatna. Teu katungkul ku maén gadget. Ongkoh ka pasantrén mah teu meunang mawa hapé alus.
Uihna...
Di jalan hapé nagegeter. Ditémpo ti babaturan. Insting tukang botram langsung hurung. Sinyal rancung. Pasti nu ngajak botram. Enya wé... Botram di Sukamanah cenah. Ah awakna capéeun. Karak pisan jol tuda. Mun tadi wa dibukana di jalan mah, pasti labas muru botram. Sono ka babaturan pan intina mah.
Cag...laporan ambu hari minggu, mung sakitu.
*Bagaimana pun ga bisa hiber tuda.
Ai Wawang













Kadaharan Urang Sunda Burayot

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Warta ti Garut - Malangbong – GARUT, Mangsana Ngalongok nu Jadi Anak"

Posting Komentar