SAJAK - AI WAWANG
Kelir Héjo
Anaking....
Kunaon urang maké kelir héjo, bari satukangeun urang kapan itu geuning héjo ngémploh....
Sakuduna urang maké kelir bodas anu nyacas. Atawa kayas jeung kasumba kelir kameumeut?
Atawa beureum pulas layung sangkan atra jadi puseur paneuteup di sabudeureun urang....

Anaking.... Kapan diajar nyeusep, nu katingal, nu karandapan di sabudeureun
urang téh, nyata urang kudu lebur kokojayan di enyana.
Kajeun jadi héjo dina héjo.
Kajeun jadi héjo dina héjo.
Lain
harti boga sipat lolondokan.
Lain harti urang kecing taya kawani.
Lain harti urang henteu boga pamilih
Lain harti urang kecing taya kawani.
Lain harti urang henteu boga pamilih
Tapi...,
urang milih tingtrim dina nyikepan gumuruhna jaman.
Ulah gimir, kapan pulas pulas warna warni jeung éndahna katumbiri mah geus matri dina lalangit ati urang....
Ulah gimir, kapan pulas pulas warna warni jeung éndahna katumbiri mah geus matri dina lalangit ati urang....
Kintunan Ai Wawang
0 Response to "SAJAK - AI WAWANG"
Posting Komentar