WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI BOJONG - PENTAS PAI DI KECAMATAN BOJONG



PENTAS PAI 
DI KECAMATAN BOJONG


BOJONG – Warta Sunda Onliné,

PIKEUN ngaronjatkeun tali mimitran siswa SD sakacamatan Bojong Kabupatén Purwakarta jeung ngukur kamampuhan kompetensi siswa dina mata pelajaran Pendikan Agama Islam (PAI), Kelompok Kerja Guru (KKG) Pendidikan Agama Islam ngagelar “Pentas Pendidikan Agama Isslam (PAI)”. Pentas PAIS ieu lumangsung di SDN Sukamanah – Bojong, Purwakarta, (3/1).
Pentas PAI di Kecamatan Bojong taun ayeuna jejerna “Membentuk Generasi Qur’an Berjiwa Tinggi dan Maju Dalam Berpréstasi”. “Tujuh widang nu dilombakeunnana téh, Sapta Lomba. Ieu kanggo mayinan Pentas PAI tingkat kabupatén nu ancer-ancer dilaksanakeun April 2019,” ceuk Cécép Tatadirja, M.Pd.I.

Anu dilombakeunana téh diantarana Cerdas Cermat materi PAI, Pildacil Putra/Putri, Hifdzil Qur’an surat-surat pendek Putra/Putri, Kaligrafi Putra/Putri, MTQ & Saritilawah Putra/Putri, Kesempurnaan Bacaan Gerakan Solat Fardhu jeung Qasidah Tradisional Beregu/Campuran. Ieu kagiatan téh hasil gawé bareng KKG PAI Kecamatan Bojong, Kepala Sekolah jeung UPTD Pendidikan Kecamatan Bojong.

Dina kasempetan éta oge, ceuk Yusuf Muhsin, S.Pd.I (Sekretaris), inyana jeung saparakanca hoyong nargetkeun PILDACIL. Kulantaran dua taun katukang kungsi janten jawara di tingkat Provinsi Jawa Barat Harepan ka-1, poma di tingkat kabupatén mah Juara I. “Ngan nu janten saingan di tingkat Provini Jabar téh ti Kabupatén Ciamis jeung Tasik dina Pildacil mah,” pokna.**** Anto Sukanto.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI BOJONG - PENTAS PAI DI KECAMATAN BOJONG"

Posting Komentar