WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta

Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta Dua Gunung nu aya di dua wilayah seperti Gunung Dingding...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI SUKATANI - MAPAG KRÉATIFITAS SISWA SD

BAGÉA SISWA-SISWI SA-SUKATANI
MAPAG KRÉATIFITAS SISWA SD
Kreatifitas Siswa SD Sukatani_9-1-2019_05.42.45 WIB

G
eus samistina kagiatan nu diagendakeun tiap taunna dilaksanakeun ku tiap kacamatan. Dina raraga mapag persiapan ka tingkat kabupatén atawa provinsi bohna tingkat nasional. Salah-sahijina di Kacamatan Sukatani gawé bareng ti mimiti KKGO-KKG-KKGPAI, K3S, PGRI, Para Pengawas/Penilik katut Kepala UPTD nu tanggung jawab babarengan sarta ti unsur dunya atikan sa-tatar Kacamatan Sukatani.
Pikeun ngalaksanakeun kagiatan Kréatifitas Siswa SD nu ngawengku diantarana saniskara kagaiatan Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN), FL2SN jeung membaCa menuLis & berhiTung (Calistung), Sirung Sunda Pinilih sarta Sapta Lomba PAI  satatar Kacamatan Sukatani. “Sok sanajan munggaran Januari 2019 waktu keur saniskara kagiatan, keur Kacamatan Sukatani mah tetep wé diheulakeun agenda kagiatan na téh.” Kitu saur Ketua K3S Kacamatan Sukatani, Dudung Harun, S.Pd.
Kalih ti éta, saniskara kagiatan ieu téh, pembukaannana ayeuna ping 9 Januari 2019 nu dipuseurkeun di Lapang SDN 4 Sukatani, Jatijajar Désa Sukatani Kecamatan Sukatani, Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.*** (Anto)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI SUKATANI - MAPAG KRÉATIFITAS SISWA SD"

Posting Komentar