WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Rebo Munggaran Ngadongdon SDN 1 Cibuntu - Hujan Munggaran


Warta Sunda Onliné,
U
njuk uninga sakumna pamaos. Ngawilujengkeun taun anyar 2019.
Mugia urang sadayana aya dina kabarokahan pikeun ngalalakon sewang-sewangan dina taun anyar. Kayaning kitu, dipapag ku hujan munggaran nu mawa kabarohan, poe ieu Rebo munggaran, hujan munggaran.

Munggaran ngababakan Warta Sunda Onliné, ngadongdon munggaran ka SDN 1 Cibuntu, Kecamatan Wanayasa, Kabupaten Purwkarta.
Poé kadua, Rébo munggaran dina sasih Januari 2019,  monitoring si SDN 1 Cibuntu, puluhan warga atikan (siswa-siswi) miharep sakumna pihak stake holder pikeun ngawujudkeun mager sakola ditukangeun sakola. Pihak Komite SDN Cibuntu, Dedi ngabener kahayang warga atikan pikeun ngawujudkeun mager tukangeun sakola SDN 1 Cibuntu (2/1).
“Malahan, tiap usum hujan ieu, tanah nu ngawates jeung warga téh mindeng longsor. Palalaur longsor nepika ageung. Nya pihak sakola ngaliwatan pasaponna, Mang Ibah Badrusalam unggal urug, mopogan taneuh,” pokna Pa Komite Sakola.
Sedengkeun ceuk Pasapon SDN 1 Cibuntu, Ibah Badrusalam (38), unggal hujan sok mariksaan kaayan sakola, hususn ditukang bilih taneuhna longsor ageung. “Malah, mun aya ok mopogan taneuh. Kukituna miharep ka pihak désa pikeun ngabantos sangkan tiasa milu aub pikeun mager sakola,” pokna Ibah.
Lain deui saur siswa kelas 6, Fahrul miharep pisan sakolana nu dipengker téh dipager. Da, sim kuring jeung batur-batur mun istirahat sok amengan dipengker sakola.


Témbong dina gambar para siswa keur ngilikan kaayaan taneuh pengkereun sakola
Nalika ieu turun warta, pihak désa teu acan tiasa masihan katerangan naon nu dipiharep ku warga atikan. *** (Anto)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Rebo Munggaran Ngadongdon SDN 1 Cibuntu - Hujan Munggaran"

Posting Komentar