Nyukcruk galur prilaku Rosul, ngudak tapak lacak para Ambiya
Mungkas Lalagasan
N
|
yukcruk
galur prilaku Rosul, ngudak tapak lacak para Ambiya. Nitih wanci nu mustari,
ninggang mangsa nu sampurna. Pikeun laki rabi dua pasangan nu dihijikeun
ngaliwatan tali prtikahan.
Arina
Rizqi Utami (Arina) Putri ti Bapa Epe Efendii (Kasie Kaspen PDAM Purwakarta)
& Ny. Dedeh Halimah, S.Ag, M.Pd (Kepala SDN 3 Sukatani, Purwakarta)
Parantos mungkas mangsa lalagasan, ngadahup ka jajaka pilihan atina M. Lan
Maulana Saputra (Lana) Putra ti Bapa Dadang Saputra (Direktur Utama PDAM
Purwakarta) & Ny. Juju Juariah.
Akad
jeung Resepsi nikah lumangsung dinten Kemis ping 3 AJanuari 2019, di Jl.
Sastsiun Ciganea No. 35B Kecamatan Jatiluhur Kabupaten Purwakarta.


Dina
wengina diteraskeun Safari Budaya Kang Dedi Mulyadi, Ohang, katut MK9 sapeuting
ngahibur warga masarakat Ciganea Kecamatan Jatiluhur Kab. Purwakarta dina raraga
Kaul Hajat, pon kitu deui warga setempat ku Kang DM sacara rereongan ngabantu
salah saurang budak rumaja nu wastana Santana keuna panyakit kelainan jantung,
Salut.
Nilik
tina 3 sifat kang Dedi Mulyadi nyaéta "Nyaahan, Deudeuhan tur Asihan ieu
masih aya di diri kang Dedi Mulyadi sok sanajan geus teu ngajabat Bupati Purwakarta,
tapi tilu sifat éta ngarupakeun keur pembelajaran urang saréréa yén hirup téh
kudu silih tulungan kanu butuh tatalang kanu susah.
Jiad
pidu’a ais pangampih katut ti seuweu-siwi Warta Sunda Online. Muga-muga
panganten sakalih salawasna aya dina pangraksa Alloh SWT. Dina ngolah umpalan
galura rumah tanggana, sing tinemu jeung kabagjaan. Sing nepi ka ngawujud
kulawarga nu sakinah mawadah warohmah. Amin!***(Anto S)
0 Response to "Nyukcruk galur prilaku Rosul, ngudak tapak lacak para Ambiya"
Posting Komentar