WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ngumbar Panineungan ka Guru SMPN 1 Wanayasa

Gambar mungkin berisi: 17 orang, orang tersenyum, orang berdiri dan luar ruangan

























Duluuuuur...
Subhanallah.. sono pisan ka marantenna duuuh...
🙏🙏
Guru-guru nalika Simkuring nyuprih pangarti di SMPN 1 Wanayasa..
Kantos kawulang ku sababaraha guru nu katinggal aya dina foto ieu, diantawisna:
- Pak Dede Ihat (Bahasa Inggris)
- Pak Bunyamin (Bahasa Sunda)
- Pak Yayat (Bahasa Inggris/Fisika)
- Bu Sri (Pembukuan/Keterampilan)
- Pak Suim (Matematika)
- Bu Cuncun (Bahasa Indonesia)
- Bu Iis (Matematika)
- Bu Juariah (Geografi)
- Pak Maman Suryaman (Sejarah)
- Pak Uci Sanusi (Kesenian)
- Pak Kusni Rahayu (Fisika)
- Bu Eti (PMP)
Mung tiasa ngadu'a mugia marantenna anu masih keneh jumeneng dipaparin kasehatan, panjang yuswa, kalayan salamina aya dina panangtayungan Allah SWT, atuh marantenna anu parantos ngantun tilar dunya mugia aya dina Rohmat Allah SWT, ditampi iman islamna, dihapunten sadaya dosana, dicaangkeun tur dilegakeun di lebet kuburna, kalayan ditempatkeun dina tempat nu mulya mungguh Allah SWT jannah kasebatna... Aamiin Yaa Rabbal'alamiin..
Bapak Ibu Guru.. mung Allah SWT nu tiasa ngawales kana naon rupi hal jasa kalih kanyaah pangeresa sadaya manawi.. rumaos Simkuring joledar tambelar.. katampi pisan piwejang, piwulang kalih piwuruk nu teu petot-petot kapungkur dicurahkeun ka abdi-abdi sadaya.. neda ikhlas kalih ridhona ti pangeresa sadaya kana elmu anu diwulangkeun ka Abdi sadaya, tangtosna nu dipalar malah mandar Abdi sadaya kenging kaberkahan tina elmuna oge kaberkahan ti pangeresa sadaya.
Sembah sujud putra ka pangkonan Bapak miwah Ibu guru sadaya nu tansah dipihurmat tur dipiajrih ku Abdi-abdi sadaya...
🙏🙏🙏🙏
Cag..

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ngumbar Panineungan ka Guru SMPN 1 Wanayasa"

Posting Komentar