WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

#net_TR_Carita

Nyieun Jalan Satapak

B
aheula, ti taun 1990 nepi ka taun 2005, ti Pasirkonéng ka Cilame téh sok leumpang mapay galengan sawah, terus nurugtug mudun kana sisi kebon kaliandra campur bayonah ngaliwatan walungan, laju nanjak mipir gawir mapay jungkrang nu lungkawing sisi sawah, malah baju gé mindeng tikait kana alimusa jeung eurih. Jaba, sapatu medok tisolédat nincak nu ledok, kapaksa na tampian kudu dikopyok.
Mimiti taun 2005, ngiker-ngiker bari ngékér pijalanneun nu kira rada hantar, kilangbara bisa motor, atuh sapatu ulah nepi ka bolokot kotor, kilangbara baju nyetil kawas batur, atuh ulah nepi ka tikait kana saréngséng. Tapi teu gampang, sabab pijalaneun nu geus kaiker téh kabéh nu batur, mangkaning aya kana 17 urangna. Piraku ujug dekul, kuriak héjo punduk, meureun kudu bébéja heula ka nu boga kebon, sangkan jongjon migawéna, moal asa didodoho méong.
Nu baroga kebon, ngahaja dianjangan ka imahna pasosoré bari silaturahmi, laju bébéja rék nyieun jalan satapak ngaliwat ka kebonna. Aya nu langsung ngidinan, aya ogé nu rék badami heula jeung kulawargana.
Sanggeus kabéh ngidinan, laju ngeureuyeuh naratas nyieun jalan, poé Minggu sabulan sakali, dibaturan ku nu raridoeun. Nyieun jalan teu bérés sataun dua taun, sabab pelebah nu lungkawing bari batu réok mah hancana saeutik. Bakat ku nikreuh bari ngeureuyeuh, sanajan dipigawéna sabulan sakali, alhamdulillah jalan bisa dipaké ngaliwat taun 2010. Ari pelebah walungan mah ku cukang awi heula, séép 10 leunjeur. 
Alhamdulillah, jalan bisa kapaké lalarliwat: nu ka pasar, nu ka sawah, nu ka kebon, nu ka sakola, nu usaha gé rada ningkat. Malah nu manggul awi gé, baheula mah kur kuateun sapotong bari gugurawilan kana galengan sawah, tapi ayeuna mah awi gombong kuateun manggul saleunjeur. Anu nanggung, anu ngagandong ayeuna mah teu tikait kana alimusa atawa bayonah, malah ayeuna mah barudak nu lulus SD ogé 100% nuluykeun ka SMP.***

Melak Paré

Baheula taun 1990-an katukang, melak paré di sawah masih ragem jeung saragam. Lamun tandur, paling géséh mimingguan, jeung saragam nu dipelakna téh paré ranggeuy dipanénna maké étém. Waktu panén ogé ampir babarengan, bari saruka bungah, hasilna marucekil, sabab teu kaganggu ku hama beurit jeung piit. Barudak laleutik, sok ngarilu ka sawah ngilu dibuat bari arulin di saung ranggon ngadon empét-empétan ku jarami.
Kadieunakeun, nu melak paré téh sakadaék aya nu: karék macul, karék tandur, keur ngarambét, gedé paré, culcel, beuneur héjo, aya ogé nu keur dibuat. Atuh piit téh atoheun, sabab pacokeunana manjang teu aya nguyangna. Sakadaék aya nu: karék macul, karék tandur, keur ngarambét, gedé paré, culcel, beuneur héjo, aya ogé nu keur dibuat. Atuh piit téh atoheun, sabab pacokeunana manjang teu aya nguyangna.
Kamari, nyobaan ngalantung ngajaran mapay galengan sawah nu batur di Bangsanaya. Nepi ka sawah, amprok jeung Abah Piyan keur nangtung na galengan bari udud ngebul, sawahna keur dirambét ku duaan bari naronggéng, caina kurang. Ngaléngkah deui ka beulah tonggoh, aya Abah Amuh keur ngemitan paré ketan mantéron, karék beuneur héjo, anu sok dibongohan ku piit. Tonggoheun Abah Amuh, keur wéyah-wéyahan wé Abah Opan bari ngoyag-ngoyag kokoprak. Rét ka beulah wétan, Abah Oyim ogé keur pakepuk, paréna ditapuk manuk. Ari Abah Ail mah, keur héhéotan wé da sawahna geus ngemplang tanuraneun tinggal ngararata.
Ayeuna mah melak paré téh geus teu ragem, mangkaning éta téh sarorog. Jadi teu puguh usumna.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "#net_TR_Carita"

Posting Komentar