WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kadeudeuh Kang Emil Masrahkeun Beus Wisata keur 13 Kota/Kabupatén


Kadeudeuh Kang Emil
Masrahkeun Beus Wisata keur 13 Kota/Kabupatén



Bandung-Warta Sunda Online,
K
anyaah Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil méré bantuan pikeun wargana dina sarana transportasi, ku mangrupa mobil bus pariwisata keur 27 kabutén/kota Jawa Barat. Perhatian éta téh keur nambah daya tarik dina dunya wisata.
Program bus wisata ngarupakeun duplikasi tina bus wisata di Kota Bandung nu dikenal ngaranna Bandros (Bandung Tour on Bus). Program nu saperti kitu téh, nalika Ridwan Kamil keur jumeneng salaku Wali Kota Bandung.
“Keur mah di Kota Bandung, program Bandros téh minangka primadona warga masarakat. Nya, program éta téh disaluyukeun ka daérah-daérah di 27 kota/kabupatén. Tujuanna pikeun narik dunya wisata. Ngan ayeuna mah kakara tahap ka-1 dibagikeunna nu jumlahna kaarék 13 daérah nu meunang hibah bus wisata nu ngawengku diantarana Kota Cimahi, Kabupaten Sumedang, Garut, Kota Cirebon, Kabupaten Kuningan, Kota Depok, Kota Bekasi, Kota Sukabumi, Kabupaten Cianjur, Kabupaten Purwakarta dan Kabupaten Tasikmalaya. Dina program 100 Hari ieu, Ridwan Kamil nganggeuskeun visi ngeunaan pariwisata. Provinsi ngahibahkeun bus wisata keur 13 daérah, ngeunaan ngaran beus wisatana mah mangga nyanggakeun ka daérahna masing-masing saperti contona di Kota Cimahi ngaran beus wisatana Sakoci (Saba Kota Cimahi), nu penting program sim kuring keur jadi Walika Bandung bisa ditiru di kota/kabupatén," Pokna Kang Emil nu biasa disebat, di Gedung Saté, Kota Bandung, Saptu (22/12/2018).

Ku ngayakeun beus wisata éta téh sumber dana ti dana CSR Bank BJB. Malah taun hareup mah nu can kabagéan téh rék direngsekeun ka daérah-daérah, ngarah teu sisisirikan,” pokna
Dina kasempeten éta ogé, Kepala Dishub Jabar Dedi Taufik ngabenerkeun ku ayana hibah bus wisata perkotaan ogé sakabéh daérah. Saméméhna aya bantuan Bus Rapid Transit jeung Bus Sakola.
Ditempat anu béda, Drs. H. Saépuddin, M.Si (Kepala Dinas Perhubungan Kabupatén Purwakarta) ngarasa reueus ku dipasihan bantosan mobil beus wisata. Bantosan éta téh langsung dipasrahkeun ka pihak DPC Organda Kabupatén Purwakarta.
“Janten, kudipasihana beus wisata éta, tangtos tiasa ngabantos dina perwisataan di Purwakarta langkung ngaronjat deui.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kadeudeuh Kang Emil Masrahkeun Beus Wisata keur 13 Kota/Kabupatén"

Posting Komentar