WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Cahaya Guru Jakarta, Keur Guguru ka Guru-guru di Gugus Gunung Parang

"Dongdonan Yayasan Cahaya Guru ka unggal wewengkon ti taun 2007 nepika ayeuna, yén wewengkon Gugus Gunung Parang paling istimewa".



Warta Sunda Online,
Y
AYASAN Cahaya Guru Jakarta kiwari keur guguru kearifan Lokal Lingkungan ka lémbur di Suku Gunung Bongkok jeung Gunung Parang Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta Jawa Barat.
Guguru dina hal ieu mah, ngeunaan lingkungan sakola nu aya diwewengkon Désa Cisarua, Sukamulya, Pasanggrahan jeung Désa Tegalsari nu aya dina beungkeutan Gugus 3 atawa Gugus Gunung Parang nu dipupuhuan ku Agah Rusgandi, S.Pd (Kepala SDN 2 Cisarua) nu acarana di SDN 1 Cisarua (21/12).
Pihak Yayasan Cahaya Guru nu dipupuhuan ku Hénny Supolo Sitepu, M.A. nalika keur guguru ka guru-guru Gugus Gunung Parang Tegalwaru, Purwakarta nu acarana aya dina Diskusi Guru atawa NGOPI (Ngobrol Masalah Pendidikan) nu témana ngeunaan : “Keragaman Dalam Potensi Lingkungan”.
Sakumaha nu dicaritakeun ku Hénny Supolo Sitepu, yén wewengkon Gugus Gunung Parang téh
ti taun 2007 ngadongdon ka unggal daérah lain ngabagi élmu, tapi néang élmu tina kakuatan nu aya di Gugus 3. Lanataran tina panitenan diwewengkon sakola-sakola nu aya di Kecamatan Tegalwaru hususna di salapan sakola ieu nu paling istimewa. Poma anjeunna saparakanca (Yayasan Cahaya Guru) unggal kukurilingan jeung  tepung lawung jeung nu jadi 14 rebu guru katut 6 rebu sakola. Natrat yén di Gugus Gunung Parang nu paling istimewa.
Kukituna wewengkon di Kabupatén Purwakarta hususna wewengkon di Kecamatan Maniis, Ciwidey, jeung Tegalwaru ieu téh istimewa, pon kitu deu masih kénéh loba nu kudu diteuleuman diajar ka kepala-kepala sakola sareng juru atik.
Disagedengeun éta, taréah jeung patéah Yayasan Cahaya Guru gawé bareng jeung lembaga luhur pikeun ngawartakeun tur mensiarkan kakuatan urang pikeun tiasa ngahasilkeun kaistimewaan diwewengkon ieu. Tapi mun teu kahontal moal ngawujud kaistimewaan éta téh.

Kajaba ti kitu, tarékahna tina buku penerapan inspirasi baik Pancasila nu dicetak ku Yayasan Cahaya Guru jeung rojongan ti lembaga tertinggi saperti halna lembaga ti MPR, BPN jeung BPIP (Badan Pengembangan Ideologi Pancasila). Kalih ti éta, yén Gugus Gunung Parang, sakola percontohan.
“Mudah-mudahan sakabéh upaya ieu téh tiasa kapetik hasilna. Dina gadidik jeung ngatik peserta didik ka unggal sakola. Uar pangajak hayu singkil babarengan jeung rekan-rekan guru nu aya di ieu wewengkon nga-adurenyomkeun pasualan pendidikan. Koma bari jueng ngadumansikeun pangalaman guru nu aya dipuseur (dikota-red) jeung nu dilembur pikeun ngahontal pendidikan mencerdaskan bangsa,” pokna Hénny nu sering aprak-aprakan ka unggal lmbur sa-Indonésia.

Lain deui ceuk Muhammad Muhlisin urang Pati Jawa Tengah, nalika masihan materi dina diskusi témana ngeunaan : “Keragaman Dalam Potensi Lingkungan”, pihakna uar pangajak ka rengrengan juru atik katut kepala sekola di salapan sakola nu aya dina beungkeutan Gugus 3 atawa Gugus Gunung Parang, pikeun ngainventarisir kakuatan dijero lingkungan sakola katut luar lingkungan saola. Saperti contona mun dihiji warung aya salahsaurang siswa keur barang beuli tina panitenan éta téh aya tina sisi ekonomi, poma sabalikna mun di hiji warung ngajualan mirs atawa roko, mun siswa katingali meuli miras/roko. Berarti éta warung téh kedah ditindak atanapi diperbaiki. Komo bari jeung diadurenyomkeun dina tim work tina sa tim ngawakilan 7 urang juru atik. Pikeun diskusi tur dituangkeun kana salembar arton manila ngabahas perbandingan kakuatan dijero lingkungan sakola katut luar lingkungan saola.

Dina kasempetan éta ogé ceuk perwakilan guru di SDN 2 Pasanggrahan, Deni Rudiman, S,Pd. Inyana ngiring janten pamilon diskusi témana ngeunaan : “Keragaman Dalam Potensi Lingkungan”. Ngarasa bingah amarwatasuta bisa ngariung jeung urang dayeuh (Jakarta) dina tuker pangalaman ngatik jeung ngadidik ka barudak.
Sedengkeun ceuk Agah Rusgandi, S.Pd, nalika biantara dipayuneun Yayasan Cahaya Guru, inyana ngarumaoskeun yén urang lembur bau lisung téh nepika kadongkapan ti Yayasan Cahaya Guru ti Jakarta aya béja anu hadé. Komo nepika aya béja ngeunaan kesejahteraan lantaran Jumlah guru di 9 sakola téh aya kana 60 guru. Malah mandar guru tiap sakola nu PNS/ASN ngan ukur 4 urang nu dibantos ku guru-guru honorér. Pon kitu deui Cahaya guru tiasa méré élmu jeung pengetahuan pikeun ngatik jeung ngadidik barudak.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun u Warta Sunda Online, yén Gugus 3 atawa Gugus Gunung Parang téh tina jumlah salapan sakola nu ngawengku diantarana SDN 1 Cisarua (Kepala SD na Aléx Gunarsyah, M.Pd); SDN 2 Cisarua kasekna Agah Rusgandi, S.Pd; SDN 3 Cisarua kasekna H. Hasan, S.Pd; SDN 1 Pasanggrahan kasekna Ending Mulyadi, S.Pd; SDN 2 Pasanggrahan kasekna Adé Budiman, S.Pd; SDN 1 Sukamulya kasekna Hérmansyah, S.Pd; SDN 2 Sukamulya kasekna Agus Sutisna, S.Pd; SDN 3 Sukamulya kasekna Agun Gunawan, S.Pd sarta SDN 1 Tegalsari kasekna Fénti Nuryani, S.Pd. Acara nu saperti kitu téh para pamilonna ti juru atik sarta 9 kepala sakola di Gugus 3.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Cahaya Guru Jakarta, Keur Guguru ka Guru-guru di Gugus Gunung Parang"

Posting Komentar