WARTA TI MANIIS
Ketua
PGRI Cabang Maniis
Warta Sunda Online,
KETUA Pengurus Daérah (PD) II
PGRI Kabupatén Purwakarta, H.M. Rasmita NS, S.Pd, M.Pd (7/11) ngistrénan Nana
Supyana, S.Pd, M.M. jadi Ketua PGRI Cabang Maniis periode 2018-2023. “Anjeuna
téh periode katukang géde ajénna dina ngokolakeun PGRI Maniis nu kaayaan masa
transisi,” ceuk H.M. Rasmita.
Nana Supyana, S.Pd, M.M.
nyebutkeun dirina siap jadi pupuhu PGRI Cabang Maniis. Pikeun neruskeun hanca
nu can beres. “Hanca nu can beres éta téh ngeunaan inprastruktur nu ngawengku
nehel gédong, merenahkeun kantor sekretariatna tur wangunan gédong nu can
sampurna, nya kirang langkung tilu puluh persenan deui nu can kagarap,” pokna.
Dirina umajak ka anggota PGRI,
hususna di Kecamatan Maniis pikeun nuluykeun rereongan keur ngarengsekeun tilu
puluh persen deui sangkan gédong PGRI Cabang Maniis anu wangunan representatif.
Lain deui nu kasauran H. Halim,
S.Pd basa ngawangkong jeung WSO disela-sela acara Konfercab PGRI Maniis, yén Pa Nana téh geus dua taun satengah
ngisi kakosongan Ketua PGRI Cabang Maniis, ngarasa reueus kulantaran gédong nu
kawitna acak-acakkan, ayeuna geus katingal rék tohaga. Kukituna sim kuring
jeung saparakanca salaku anggota teu kabeuratan mun dipénta iuran keur
ngabereskeun gédong. Samalah ti bulan Januari nepika bulan Oktober ahir, para
anggota teu dipéntaan iuran. “tapi ayeuna Pa Nana jeung rengrengan dina
ngokolakeun kapangurusan PGRI Cabang Maniis, rela dipénta ieuran,” pokna H.
Halim.
Pangurus PGRI Cabang Maniis
Periode 2018-2023 téh Ketua: Nana Supyana, S.Pd, M.M; Wakil Ketua: Mulyana
Sugiayana, S.Pd, M.M; Seretaris: Édi Yulimansyah, S.Pd; Wakil Sekretaris:
Mulyanto, S.Pd; Bendahara: Hj. Uum Sumiati, S.Pd.*** Anto
0 Response to "WARTA TI MANIIS"
Posting Komentar