WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling Elat Agustus 2025

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling lambat Agustus 2025 JAKARTA - Ahirna konflik antara Pe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KEMBANG KATRESNA

Néng Yunda Aryanti Lestari
Hoyong janten Jalmi nu Berguna
Warta Sunda Online, 
MOJANG alit tur geulis nu hiji ieu téh wastana Yunda Aryanti Lestari, nu biasa disebat Néng Yunda resep kana nari téh ti keur leutik kénéh. “Malihan seur préstasi nu disangking ku Néng Yunda keur disakolana,” kitu ceuk guru SDN 10 Nagri Kalér, Conny Andriany, S.Pd.
“Saleresna Néng Yunda téh tos katingal talentana ti kelas 1 nepika ayeuna ngahontal sagudang préstasi,” pokna.
Préstasi nu disangking ku Néng Yunda dina Widang FL2SN diantarana Tari Rampak pinunjul ka-1, Tari Tunggal ka-3 sarta Paduan Suara ka-3. Dina Widang Sains and Sosial tur Sajak ka-2 Sa-Kabupatén Purwakarta. 
Keur nu janten Kepala SDN 10 Nagri Kalér (Pa Subianto, S.Pd) ngarasa reueus yén Néng Yunda nyangking saniskara lomba. “Mugia Néng Yunda kapayunna tiasa langkung nyangking juara deui nepika ka Tingkat Provinsi Jawa Barat. Amin,” pokna.
Lain deui nu kasauran Yayan Mulyana, M.Pd ka Galura (5/10), yén pun anak nu dibabarkeun di Purwakarta, ping 23 Fébruari 2008 cita-citana téh hoyong janten jalmi jegud keur ngajomantarakeun widang atikan tur seni budaya sinareng babakti ka lemah cai. “Malah hoyong ngangkat harkat darajat nu jadi sepuhna,” pokna.
Kiwari keur nyuprih élmu di SDN 10 Nagri Kalér Kecamatan/Kota Purwakarta. Siswa kelas 5. Nu panganjrekanana di Komplek Perumahan Panorama Indah Blok A-12 No. 15. Putra cikal tina 3 sadulur téh pasangan ti Yayan Mulyana, M.Pd (guru SMPN 8 Purwakarta) sareng mahna Puspa Puspitasari, S.Pd (guru SDN 10 Nagri Kalér).*** (Anto S)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KEMBANG KATRESNA"

Posting Komentar