WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling Elat Agustus 2025

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling lambat Agustus 2025 JAKARTA - Ahirna konflik antara Pe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PASANGGIRI ANGGANA SEKAR


MKKS SMP/MTs Purwakarta Ngagelar
Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Ka-3

ANTO S/NAURID

MUSYAWARAH Kerja Kepala Sekolah (MKKS) SMP/MTs Kabupatén Purwakarta ngagelar kagiatan “Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Tingkat SMP/MTs Ka-3 Sa-Purwakarta” di Gédong Linuhung di Jalan Gang Beringin Kabupatén Purwakarta (17/10/2018). Tina 64 Finalis nu tandang harita para juri mupakat milih Pupunden Ruvigantini (Siswa SMPN 1 Pasawahan) jeung Nazhar Amir (Siswa SMPN 3 Purwakarta) jadi pinunjul kategori putri jeung putra “Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Kabupatén Purwakarta Taun 2018”.
Para pinunjul lian ti saurangna dipersen keur Pinunjul ka-1 Rp. 750 rebu, Pinunjul ka-2 Rp. 500 rebu sarta Pinunjul ka-3 Rp. 250 rebu kategori putra jeung putri. Kitu ceuk Ketua Koordinator MKKS SMP/MTs Kabupatén Purwakarta, Heri Wijaya, S.Pd (Kepala SMPN 1 Purwakarta).
“Tatacara pemilihan Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Tingkat SMP/MTs Ka-3 téh, girang pangajen diantarana : Hj. Ida Rosida, S.Kar (Putri Mang Koko ka-6), Iik Setiawan, S.Kar sarta DR. Uus Karwati, M.Sn.” ceuk H. Adé Suryadin, S,Pd, M.Pd salaku Ketua Panatacalagara Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Tingkat SMP/MTs Ka-3 Sa-Purwakarta.
Para pamilon nu milu aub téh diantarana kategori putri : Saiwa Aulia No Peserta 31 utusan ti SMPN 1 Purwakarta, Taura Ratu F.A No Peserta 20 utusan ti SMPN 1 Wanayasa, Nanda Isna H No Peserta 19 utusan ti SMPN 3 Purwakarta, Richita Nazwa S No Peserta 14 utusan ti SMPN 1 Sukatani, Nurul Dwi Lestari No Peserta 38 utusan ti SMPN 1 Pondoksalam, Dhea Septiani Putri No Peserta 41 utusan ti SMPN 9 Purwakarta, Néng Nari Purwanti No Peserta 03 utusan ti SMPN 1 Cibatu, Fajwatina Darma No Peserta 02 utusan ti SMPN 1 Pléréd, Aiya Maulida No Peserta 34 utusan ti SMPN 2 Pléréd, Detri Minda Agustin No Peserta 36 utusan ti SMPN 3 Darangdan, Wulan Naisila D.A No Peserta 40 utusan ti SMPN 1 Campaka, Anggita Naziha Dewi No Peserta 42 utusan ti SMPN 1 Darangdan, Erni Fitriyani No Peserta 05 utusan ti SMPN 3 Tegalwaru, Febriyanti No Peserta 09 utusan ti SMPN 5 Purwakarta, Juliyana Putri No Peserta 04 utusan ti SMPN 3 Babakan Cikao, Yusriyani Ayu L No Peserta 16 utusan ti SMPN 4 Purwakarta, I Silva Gresyena N No Peserta 12 utusan ti SMPN 1 Bungursari, Dinda Amélia No Peserta 35 utusan ti SMP IT Cendikia, Ayu Lestari No Peserta 08 utusan ti SMPN 6 Purwakarta, Anatasya No Peserta 10 utusan ti SMPN 1 Babakan Cikao, Nadia Irnawati No Peserta 22 utusan ti SMP Al-Muhajirin, Rafelya Refaska No Peserta 06 utusan ti SMPN 2 Campaka, Intan Aulia Putri No Peserta 13 utusan ti SMPN 8 Purwakarta, Fauziah Putri M. No Peserta 33 utusan ti SMPN 7 Purwakarta, Zahra Diniyah No Peserta 01 utusan ti SMPN 3 Bojong sarta Pupunden Ruvigantini No. Peserta 24 utusan ti SMPN 1  Pasawahan.
Pamilon kategori putra : Asép Muhammad Ridwan No Peserta 20 utusan ti SMPN 1Wanayasa, Nazhar Amir No Peserta 19 utusan ti SMPN 3 Purwakarta, Yuniar M Kahfi No Peserta 14 utusan ti SMPN 1 Sukatani, Asép Sumarna No Peserta 41 utusan ti SMPN 9 Purwakarta, Mujib Muhaémin No Peserta 02 utusan ti SMPN 1 Pléréd, Burhan Nurdin No Peserta 34 utusan ti SMPN 2 Pléréd, Agustian Firdaus No Peserta 40 utusan ti SMPN 1 Campaka, Parta No Peserta 05 utusan ti SMPN 1 Tegalwaru, Khrisna No Peserta 09 utusan ti SMPN 5 Purwakarta, M Soléh Ilham No Peserta 04 utusan ti SMPN 3 Babakan Cikao, Aria Dwi N. No Peserta 16 utusan ti SMPN 4 Purwakarta, Réza Trijaya No Peserta 12 utusan ti SMPN 1 Bungursari, Rizal Darmaésa No Peserta 08 utusan ti SMPN 6 Purwakarta, Abdul Azis No Peserta 10 utusan ti SMPN 1 Babakan Cikao sarta Saéfuloh No Peserta 01 utusan ti SMPN 3 Bojong.
Adé Suryadin miharep yén hasil kaparigelan pintonan para pamilon, tetela diperyogikeun rupaning tarékah boh ti pihak pamaréntah (sakola), sanggar/wadah seni pon kitu deui ti sepuhna (orang tua) anu tumali sareng kaparigelan murangkalih dina widang kawih sunda. “Ieu kagiatan téh mangpaatna ageung pisan dina mangsa marulangkalih rék lebet sakola ka SMA/SMK Negeri ku “Jalur Préstasi Seni”. Kalih ti éta, yén penting pisan aya pembelajaran seni hususna kawih sunda kedah aya pangajaran kawih sunda luyu sareng program pamaréntah nu kiwari keur dihangeutkeun ngaliwatan program 7 Poé Atikan Purwakarta Istimewa.
Sedengkeun ceuk H. Purwanto, M.Pd, Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, dina biantarana, pihakna ngarasa reueus yén Gédong Linuhung dijantenkeun puseur dayeuh kagiatan, ngan sakitu buktosna ieu gédong téh. Masih kénéh seueur dangdaneun pikeun ngudag wangunan anu refresentatif,” pokna Purwanto bari muka acara Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Tingkat SMP/MTs Ka-3 sa-Purwakarta.
Genep puluh opat pamilon ngantri ngantosan pikeun unjuk kabisa ina nembangkeun kawih sunda ciptaan Mang Koko (Alm) saperti keur pameget nembangkeun lagu wajibna “Putri Citra Resmi” sareng “Hariring Haleuang Témbang”, sedengkeun pamilon istri lagu wajibna “Duh Indung” sareng “Kukupu”. Unggal pamilon digilir unjuk kabisana.
Dua urang perwakilan pamilon nyaéta Asép Sumarna jeung Dhea Septiani Putri ti utusan SMPN 9 Purwakarta téh, dina lomba nu saperti kitu persiapanana ngan ukur saminggu éta ogé dibantos ku Bu Rika (guru Basa Sunda),” ceuk Néng Dhea.
Runtuyan acara “Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Tingkat SMP/MTs Ka-3 Sa-Purwakarta” nepika dina ahir. Galura ngahaja nepangan girang pangajen kaleresan Ibu Hj.Ida Rosida, S.Kar ngeceskeun yén keur dirina pikeun ngajurian téh tos tilu kali dina acara ieu téh. Pihakna kasapukan yén nu janten pinunjul kategori pameget Nazhar Amir No. Peserta 19 sareng kategori istri Pupunden Ruvigantini No. Peserta 24, hasil kasapukan tina olah fokal jeung fibrasi.
Hasil Kaputusan Dewan Juri Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda MKKS ka-III Tingkat SMP/MTs Negeri/Swasta/Satap Sa-Kabupatén Purwakarta 2018 Nomor : 01/JURI/X/2018 netepeun nu janten pinujul téh diantarana : Kategori Putra Pinunjul ka-1, No. Undian 19, Jumlah Nilai 1235, Nazwar Amir, SMPN 3 Purwakarta.  Pinunjul ka-2, No. Undian 37, Jumlah Nilai 1227, Saépuloh, SMPN 3 Bojong. Pinunjul ka-3, No. Undian 20, Jumlah Nilai 1218, Asép Muhammad Ridwan, SMPN 1 Wanayasa. Sedengkeun Kategori Putri Pinunjul ka-1, No. Undian 24, Jumlah Nilai 1200, Pupunden Ruvigantini, SMPN Pasawahan. Pinunjul ka-2, No. Undian 14, Jumlah Nilai 1192, Richita Nazwa S, SMPN 1 Sukatani. Pinunjul ka-3, No. Undian 22, Jumlah Nilai 1183, Nadia Irnawati, SMP Al-Muhajirin.
Sabada dibacakeun hasil pinunjul, Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, Didi Garnadi, S.Pd, M.M, sakantenan nutup acara Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Tingkat SMP/MTs Ka-3 Sa-Purwakarta, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para Kepala Sekolah nu parantos ngiring ngamumulé kabudayaan Sunda saperti halna Kawih Sunda tong nepika jati ka silih ku junti, teraskeun kagiatan nu saperti kitu téh.
Pupunden Ruviganti, (13) Siswa SMPN 1 Pasawahan teu nyangka yén dirina janten juara dina Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda. Lantaran seueur kénéh kakirangan dina ngawih kawih sunda hususna lagu-lagu Mang Koko, komo deui dugika dijurian ku Ibu Hj. Ida Rosida. “Sim kuring kirang pede,” pokna.
Hadir dina éta kagiatan rengrengan kulawedet Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta sarta para Kepala SMP/MTs sa-Purwakarta katut tilu urang girang pangajen tur tilu urang pangrawit alumni SMKI/UPI Bandung.***
Keterangan Poto :
1.       Kadisdik Purwakarta, H. Purwanto, M.Pd muka acara Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Ka-3 Tingkat SMP-MTs

2.       Pinunjul Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Ka-3 Tingkat SMP-MTs

3.       Pupunden Ruvigantini Pinunjul Ka-1 Kategori Putri Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda Ka-3 Tingkat SMP-MTs

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PASANGGIRI ANGGANA SEKAR"

Posting Komentar