KEMBANG KATRESNA
Néng Nur Sinta Awaliyah
Siswa SDN Cijati Kungsi Jadi Juara Lomba Nyanyi
Perwakilan Pamilon Lomba Menyanyi ti Maniis & Bungursari
Warta Sunda
Online,
PULUHAN
Guru jeung Siswa di tujuh belas kecamatan sa-Purwakarta pada némbongkeun unjuk
kabisa dina lomba Nyanyi ngareuah-reuah milangkala nu ka-73, Persatuan Guru
Republik Indonesia (PGRI) sarta Hari Guru Nasional 2018. Acara éta lumangsung
di Pendopo Situ Wanayasa Kecamatan Wanayasa, Purwakarta (29/10).
PD
II PGRI Kabupatén Purwakarta ngahaja ngayakeun acara nu samodel kitu téh
tempatna di Wanayasa. Giliran luyu sareng agenda taunan PD II PGRI Purwakarta.
Kitu ceuk Yuswan salaku panatacalagara kagiatan nalika biantaran dipayuneun
tamu ondangan.
Perwakilan
patandang siswa ti Kecamatan Maniis Nur Sinta Awaliyah Siswa kelas 6 SDN Cijati
téh minangka patandang nu kungsi juara II Tingkat Kabupatén Purwakarta dina
lomba Nyanyi. Sedengkeun perwakilan patandang guru di Maniis téh, guru SDN
Cijati, Eningci Yanmahayu. “patandang guru jeung siswa téh minangka paket dina
lomba nyanyi,” ceuk Nana Supyana (Kepala SDN 2 Tegaldatar, Kecamatan Maniis) ka
WSO.
“Lain
juara nu jadi udagan dina ieu lomba téh, tapi pikeun ngaraketkeun tali
mimititran sasama guru, pon kitu deui etang-etang re-unian,” pokna deui.
Lain
halna ceuk Odang Saépudin (Pengawas SD di Kecamatan Sukasari), inyana dina
ajang lomba nyanyi ieu téh, anakna kungsi janten juara dina lomba nyanyi
samodel kieu. Malah mandar sok sering minton dina unggal acara saperti halna
dina acara serimonial nu diayakeun ku Pemkab Purwakarta.
Dina
kasempetan éta, WSO kungsi ngobrol jeung salah saurang juri Yadi Rahadian
(guru SMAN Bungursari), pihakna dina ngajurian negeskeun hususna dina lomba
nyanyi ieu téh, mun pamilonna murangkalih tong nepika mintonkeun karakter
dewasa, tapi leuwih diutamakeun karakter murangkalih. Lantaran ieu nu jadi
udagan dina nganiley lomba nyanyi.*** Anto.
0 Response to "KEMBANG KATRESNA"
Posting Komentar