WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling Elat Agustus 2025

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling lambat Agustus 2025 JAKARTA - Ahirna konflik antara Pe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI SUKASARI


Sukasari Kahareup
Bakal Jadi Puseur Dayeuh Kepanduan Jabar
Warta Sunda Online,
Luyu sareng nu harita diembarkeun ku Bupati Manten (Dedi Mulyadi, SH) yén Sukasari kapayun bakal jadi puseuer dayeuh kagiatan kepanduan tingkat Kabupatén Purwakarta sarta Provinsi Jawa Barat. Dina hal ieu mah, program Bupati Manten téh di tibankeun ka Bupati Terpilih 2018-2023 sangkan ngawujud Bumi Perkemahan nu puseur dayeuhna di Kecamatn Sukasari Kabupatén Purwakarta. Kiti ceuk Sekretaris Kwarcab Purwakarta, Drs. H. Wahyu Wibisono, M.Si nalika diwawancara ku WSO dirohangan gawéna di Juma'ah (23/11/2018). DAMKAR PURWAKARTA.
Nilik tina Ketua Kwarcabna, Hj. Anne Ratna Mustika ayeuna janten Bupati Terpilih, inyana koordinasi dina urusan kepanduan hususna ngeunaan Buper. Malah dina taun Anggaran 2019 nu bakal datang, Buper téh pikeun ngawujud. Kukituna, pihakna keur ngainventarisir tanah nu aya di Kecamatan Sukasari jeung pihak nu terkait.
Sedengkeun ditempat anu béda, Camat Kecamatan Sukasari, Jaya Pranolo basa dipénta kateranganana, inyana miharep ka pihak Kwarcab sangkan dibentuk Saka Kepariwisataan. “Lantaran wewengkon Sukasari keur mahabuna janten destinasi pariwisata. Tapi upami ayana Saka Kepariwisataan mah langkung anteb,” pokna.
Lain deui nu kasauran Mokh. Aripin, S.Pd.I, M.Pd nu kungsi janten ketua patia dina acara Perkemahan Jambore Ranting Kwarran Sukasari, nu témana : “Mari Kita Wujudkan Bangsa Yang Berkarakter dan Bermartabat Melalui Gerakan Pramuka”. Kagiatan nu saperti kitu téh lumangsung 3 (tilu) poé sawatara waktu katukang timimiti ping 28 - 30 September 2018 tempatna di Lapang Kecamatan Sukasari Purwakarta. Kajaba ti éta pamilonna aya kana 400 urang nu ngawengku gudep SD, SMP/MTS sarta SMA.
Acara dihadirn ti mimiti para kepala SD, SMP/Satap tur tamu ondangan nu hadir Camat Sukasari, Sekretaris Kwarcab ogé Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta.
"Ngeunaan Sukasari rék janten puseur dayeuh kepanduan, ngarasa reueus," pokna.  ***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI SUKASARI"

Posting Komentar