WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur Asa lila-lila diantep t é h, beuki dieu, beuki dikekesek wa é . Batur mah deungen-deungen, nu ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

30 Urang KIM Purwakarta dibekelan Élmu ku Diskominfo



DISKOMINFO - KIM, www.wartasundaonline.com

     Puluhan Kelompok Informasi Masarakat (KIM) Kabupatén Purwakarta ku pihak Diskominfo Kabupatén Purwakarta dina témana "Peningkatan dan Pelatihan Kapasitas Jurnalis".


     Dina hal ieu mah, Diskominfo ngundang nara sumber ti Rmol Jabar jeung Kesatu.co pikeun méré bekel wawasan kejurnalisan keur para Kimmers di 17 Kecamatan sa-Purwakarta.

Kabid Infokom Diskominfo Kabupatén Purwakarta, Sri Budiyanti.*


     Kagiatan ieu téh hasil gawé bareng antara Diskominfo jeung Kim Purwakarta. Kitu ceuk Kabid Infokom, Sri Budiyanti, nalika muka acara Peningkatan dan Pelatihan Kapasitas Jurnalis di Gédong Sigrong, Rebo, 17/12/2020.


     Dina kasempetan éta, Perwakilan Diskominfo Abdul Azis Kasi Peliputan dan Pemberitaan mandu acara éta nu diapit ku dua Nara Sumber ti RMOL Jabar sarta Kesatu.co.

KIM Purwakarta keur soson-soson nampi élmu ti dua Nara Sumber.* 


     Dua Nara Sumber éta méré arahan ngeunaan kejurnalisan saperti kumaha cara nyieun berita, wawancara tur pakuat pakait kewartawanan.



     Jumlah pamilon nu milu aub téh aya kana 30 urang sa-Kabupatén Purwakarta.**

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "30 Urang KIM Purwakarta dibekelan Élmu ku Diskominfo"

Posting Komentar