WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Piwuruk Pitutur : Bubuka



Assalamua’laikum Wr. Wb.

Sampurasun.

Katumampian lahir tumekaning batin, didastakeun ka pangkonan Illahi Rabbi Alloh SWT, Anu Maha Maparinan Kakiatan sareng Maha Ngaijabah samudaya paneda mahlukna. Sholawat kamulyaan dihaturkeun ka jungjunan Kangjeng Nabi Muhammad SAW mustikaning kamanusaan, salajengna salam kahormatan dihaturkeun ka ahlul bait, para sahabat, mu’minin wal mu’minat, miwah para ulama. Ka para sesepuh luluhur karuhun anu parantos nyebarkeun ahlak Islami dugi ka urang tiasa nampi kani’matan Iman Islam anu sagemblengna, hususna kanggo Bapa MAS GUNAWAN WALUYO rawuh rengrenganana nu parantos ngarojong sim kuring tug dumugi tiasa midangkeun ieu tulisan mangrupi papatah/piwuruk/pituah. Papatah para sepah anu parantos lumrah sareng piwuruk sepuh anu parantos kacukcruk, ogé pituah-pituah para Bujangga anu malashur jenengannana, atanapi anu diparentahkeun ku Agama sareng nu diwiridkeun ku ahli-ahli kabathinan hususna, upami ku urang dilenyepan leres-leres, saleresna éta téh wungkul pitutur kanggo ngahontal karahayuan, medarkeun kanggé cukang puntanganeun kana kasalametan, saolah-olah kanggé pangenyed laku lampah anu teu leres, kadali geusan ngamudi kanggo panggeuing pikir, ngaping kana ciri wanci, bibit buit katartiban.

Satemenna upami ku urang diperhatoskeun, teu aya sepah anu maparin papatah ka putra putuna supados tigebrus kana jurang kacilakaan, moal aya sepuh anu maparin piwuruk ka putra putuna supados ngapruk kana jalan anu teu leres, moal aya Bujangga anu medar pituah nu teu aya mangpaatna, Agama pon kitu deui medarkeun pituah-pituah téh teu aya sanés supados umat-umatna jaranten jalmi anu saé.

Sawangsulna saupami papatah anu lepat, piwuruk anu teu perlu, pituah anu teu aya gunana, sanaos ti mana sumpingna ku urang teu kedah dijantenkeun angkeuhan, sumawonna ku urang dianggo dipunjung dipuja. Sumangga lenyepan ieu lebet tulisan anu ku Panulis diberendelkeun, nanging kedah disarengan ku kayakinan, ulah dugikeun ka ngalain-lain anu enya, ngaenya-enya anu lain, leres sareng lepatna kantenan aya dina lebet manah anu maos, mana anu hadé dianggap leres,  sareng mana anu dianggap sanés Panulis nyanggakeun sadaya-daya. Amit sejaning unjuk uninga, rehing tulisan ieu dirakit dumasar kana rasa Panulis, wujud  sukur ka Nu Ngersakeun, Gusti Alloh Nu Murbeng Alam, seja ngadugikeun  keretegna gerentes haté anu mangrupi karyana rasa. Hasil tina teuteuleuman, guguar, kokoréh, panimu ti ki Timu pamanggih ti ki Panggih, mulung muntah tina wadah runtah kahirupan manusa, panemu ti nu ngalangkung dina jajantung, sasieureun sabeunyeureun manawi bahan katampi kalayan aya mangpaatna kanggo urang sadaya, malar geusan jadi panungtun tur pangjejer dina lumakuna lelengkahan hirup nambaan rasa kanyaah ka lemah cai bali geusan ngajadi, bela ka bangsa, bela ka lemah cai, ngarawat tur ngarumat budaya bangsa Indonésia, sarta niat ngawawangian ka sarining lemah cai, malar jadi sambung lengkah, sambung lemek, sambung rasa, keur nyambungkeun uga, ti kawit anu parantos aya ti bihari mangrupi atikan budi pekerti. Sugan ngancik di kiwari geusan ngambah ka supagi, ngalarapkeun élmu buhun nu kiwari seueur nu teu ngarti. Sugan pareng ngajadi bahan ngajadi sari pikeun ngaji pangarti. Amit tabepun, ieu tulisan anu diguar ngan sakadar dina gambar, anu dipedar saukur nalar, piolaheun dina polah, pilakueun dina lampah muga larap jadi tutur, jadi lisan pijalaneun tatapakan nu kungsi leungit dina aweuhan jalan anu sakieu lamparna, nangtu dina kacindekan galur.

Panulis taya maksad ngalalangkungan anu ti payun, sanés bade mayunan anu ti heula, sanés bade ngantunkeun anu ti pengker, endog mapatahan Hayam, ngajar ngojay ka Meri,  etang-etang lauk buruk milu mijah, mamanawian tiasa nyaketkeun anu tos tebih, ngalayeutkeun anu caket, tos layeut urang paheutkeun, tos paheut urang pageuhkeun, tos pageuh urang silih wangikeun  ku kembang asih kadeudeuh.

Nu kungsi dihandeuleumkeun, nu kungsi dihanjuangkeun urang cokot geusan teuleum, urang téang geusan midang, nya midang di banjar karang, lebah paniisan bentang, nya bentang anu baranang kagungan Nu Maha Wenang.

Tawis kanya’ah sim kuring kana Budaya Sunda rawuh Kasusastraanana, etang-etang wasiat pangrumatkeun ieu tulisan sing apik rawatan ieu aosan sing merenah, malah mandar tiasa awet kaanggona kanggo nungtun ka putra putu, kanggo panggeuing pangaping ka murangkalih supados teu tisoledat lampah, kalayan kagungan pamadegan nu panceg nangtoskeun hiji putusan,

Wassalammua’laikum wr.wb.

Rampes.

MAS GUNAWAN WALUYO (Alm)

Diropea : ANTO SUKANTO


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Piwuruk Pitutur : Bubuka"

Posting Komentar