WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

IKIP PGRI KARAWANG Nu Dianti-anti!!!

 


IKIP PGRI KARAWANG Nu Dianti-anti!!!

KARAWANG – Warta Sunda Onliné,

Hasil tina sawala antara PGRI Karawang jeung YPLP DIKTI PGRI Karawang ayeuna ditepikeun ka pihak anu kompeten. Dina hal ieu mah, PGRI Karawang nu rék muka Perguruan Tinggi téa disambut baik ku pihak IKIP SILIWANGI.

“Alhamdulillah, ku perjuangan ti sadaya pangurus PGRI Kabupatén Karawang sareng YPLP DIKTI PGRI Karawang. Nu dicita-citakeun téh bakal tinekanan, ayana sakola paguron luhur téh,” pokna Drs. Nandang Mulyana ka Warta Sunda Onliné, poé Rebo (6/10/2020).

Ku kituna pihak Rektor IKIP Siliwangi Prof. Dr. H. Heris Hendriana, M.Pd nepi ka MoU jeung Ketua PGRI Karawang Drs. Nandang Mulyana pikeun ngawujudkeun IKIP PGRI KARAWANG, malah mandar disaksenan Ketua YPLP Dikti PGRI Karawang Drs. Undang Sukarta, MM., lumangsung di Rektorat IKIP Siliwangi Bandung, Rebo (6/10/2020).

Maksud jeung Tujuan MoU nyaéta :

1.      Untuk memperkuat dalam rangka pengembangan pendidikan dan pendirian IKIP PGRI KARAWANG.

2.      Terwujudnya Tridarma Perguruan Tinggi meliputi (Pendidikan, Penelitian dan Pengabdian pada masyarakat)

Dina kasempetan éta Rektor IKIP Siliwangi Prof. Dr. H. Heris Hendriana, M.Pd, nepikeun yén IKIP Siliwangi ngarojong pisan kana program PGRI Karawang nu rék ngawujudkeun ngadegna sakola paguron luhur nyatana IKIP PGRI KARAWANG.

Lain halna ceuk Ketua PGRI Karawang Drs. Nandang Mulyana, pihakna neda bantosan tisagala aspék tur pituduh dina ngadegkeun IKIP PGRI KARAWANG sarta ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana perhatian ti pihak Rektor IKIP Siliwangi nu dituangkeun dina MoU pendirian IKIP PGRI KARAWANG.



Sedengkeun ceuk Ketua YPLP Dikti PGRI Karawang Drs. Undang Sukarta, MM., nyebutkeun yén sacara teknis tina operasional PGRI Karawang mah parantos siap, boh dina SDM sarta keuangan katut nu sanésna.***

Very / Anto

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "IKIP PGRI KARAWANG Nu Dianti-anti!!! "

Posting Komentar