WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin Lembaga Sekola Madrasah Ibtidaiyah di Kampus 4 Sukatan...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Aya Naon Ketua LPM di Paléréd Didata???



PALÉRÉD - Warta Sunda Onliné,

BPS Désa Sindangsari Kacamatan Paléréd keur soson-soson ngadata sensus penduduk taun 2020. 

     Kaleresan Warta Sunda Onliné keur ngadongdon ka Ketua LPM Désa Sindangsari Kacamatan Paléréd, Cepi Suharyana, S.Pd nalika keur didata urusan pakuat-pakait kana sensus penduduk nu ngadata jiwa usik.

     Dina hal ieu, Pa Cepi netelakeun yén warga masarakat katut aparat teu terang nu dimaksud "Jiwa Usik". Dilolongkrang waktos Ketua LPM ngajentrekeun Jiwa Usik timiti anu borojol nepika manula, éta didata.

     "Saperti sim kuring kuring kadongkapan ti pihak Petugas Sensus nu ngadata jumlah jiwa usik. Yén jumlah kulawarga aya 7 jiwa usik nu ngawengku 3 Kepala Keluarga. Malah mandar ayeuna mah Bapa téh, katambihan incu nu kakara borojol sasih," pokna Pa Cepi.

     Lain halna ceuk Ihsan (Petugas Sensus), dirina kabagéan ngadata 7 RT di Kampung Sindangpalay ti 20 RT sa-Désa Sindangsari, 2 Dusun, sarta 4 Ka-RW-an. 

     Inyana, saleresna kapapancénan salaku petugas sensus sacara virtual. Ku kituna dina ngalaksanakeun tugas tangtu aturan tupoksina nongton petunjukna sacara onliné (virtual). Saperti ngadata di bumina Pa Ketua LPM Désa Sindangsari geus boga bekel kaélmuan sacara virtual," pokna Ihsan di désa salaku operator IT Désa Sindangsari.

      Poma bangbaluh dilapangan teu patos teuing riweuh, da icikibung di BPS Désa Sindangsari. "Da tos gaduh bekel élmu," pokna Ihsan nutup wangkongan jeung Warta Sunda Onliné.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Aya Naon Ketua LPM di Paléréd Didata???"

Posting Komentar